Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Juni 2013 01:10:20
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."
Saptu, 01 Juni 2013 21:22
Dharmawan Toh: " Sampurasun, neupangkeun simkuring ti Bandung palay langkung uninga perkawis budaya sunda dina ieu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 19:40
Ai Halimah: " Alhamdulilah di lapak fbs pribados tiasa di ajar nyerat nu leres, sareng silaturahmi sareng kanca nnu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 10:04
Gunawan Sejati: " Sampurasun...Punten bade unjuk tumaros perkawis kintunan karya simkuring nu kantos di kintun ka grup Fikmin aya kana dua tiluna , naha aya dokumentasina di rohangan ieu kitu..."

Bedokeun Atuh

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 29 Agustus 2012 21:20:39

"Mana sakola haratis téh. Wadul siah !"
"Pajar rumah sakit gratis. Bohong nataku !
"Silaing jadi ngajabat geuning angger banjir. Dasar belegug !"
"Ah kadongdora loba jangji. Korupsi mah heueuh !"
"Oh ieu nu jangji rék nyaah ka rahayat téh ?!"

Belewer, belesing, beletak, koloyong, solontod, gubrag ! Naon waé nu aya dibalédog-balédogkeun ku balaréa. Ki Ardasim ngagubrag teu walakaya. Gelebug angin gedé naker. Walungan ngadak-ngadak caah. Caina hanjat ka darat, banjir umpalan. Balaréa paburisat paburencay, tapi kabéh euweuh nu salamet. Dempak papak tumpur ludes.

Nyi Atikah kekejetan, budag-badug, gurinjal hudang. Ambekanna rénghap ranjug. Ngimpi bet asa dikieuna. Digigireunna, Ki Ardasim tibra saré. Nyi Atikah neuteup anteb kana beungetna.

"Akang salaki abdi, bedokeun wé atuh. Tong janten nyalon gubernur téh !" Teu sadar, Nyi Atikah cumarita sorangan.