Ku Godi Suwarna
Tas lebaran. Mulang ti lemburna. Ngadius dina beus metet. Muru dayeuh pamaneuhan. “Baé kapegat macét gé! Sataun sakali!” ceuk haténa. Beus ngarayap di tanjakan Gentong. Tuluyna lumayan lancar. Sanajan antay-antayan. Pasosoré. Anjog ka Nagrég. Macét pisan. Lila. “Aya naon, nya?” nu gigireun humandeuar. Laju tarurun tina beus. Kareseleun. “Teu bisa nelepon! Teu bisa SMS!” ceuk nu séjén sanggeus ngaliud di luar. Enya wé. Kabéh HP ngabaretem. Manéhna gogodeg. “Gawaaat, eueueuy…! Baralik deuiii…!” Kapireng nu tinggorowok. Tina mobil. Tina Motor. Nu kapaksa marulang deui. Jalma garuligah. Sahéng. Pabuis. Manéhna mah kalah nanjak. Panasaran. Beuki nonggoh. Téténjoan beuki ahéng. Nagrég lir leuweung geledegan. Meredong. Taya kandaraan. Peuting kacida jemplingna. Jog ka tungtung tanjakan. Bréh. Jalan bet direumpeukan kakayon. Baradag. Jlung-jleng nu maregatan. “Merdéka, Bung! Bandung diserang Walanda! Mending balik deui!” ceuk nu sirahna dibengker ku lawon beureum-bodas. Nyoréndang bedil. Nu séjénna ngajaringjing bambu runcing. Manéhna ngarénjag. Ngahuhuleng. Nyawang Bandung nu langitna ngabebela.