Ku Godi Suwarna
Isuk-isuk. Puluhan. Boa ratusan. Nu ngarajak sasalaman. Dampal leungeun tingsolongkrong. Kulitna warna-warni. Haripu. Lalemes. Sareungit. Pabeubeurang. Dampal leungeun beuki réa. Ngarébu. Asa geus soéh pipi. Balas nyéréngéh. Asa geus lubar sagala dosa. “Wilujeng boboran siam, Juragan!” kitu nu teu weléh tinggerendeng. Nu tuluy tingjelengéng dina ceulina. Kababawa ka kamarna. Basa peutingna gulinggasahan. Kamerekaan. Kalah bruh-bréh téténjoan. Pirang-pirang dampal leungeun dina lalangit. Dina dingding. Dina hordéng. Lung-leng. Gidig ka patengahan. “Wilujeng boboran siam, Juragan!” kapireng nu tingkéwéwéng. Dédéngéan. Luak-lieuk. Dampal seret pigeulang. Riab. Tinggarayam. Dina méja. Dina korsi. Ngadareukeutan. Beretek ka dapur. Rénghap-ranjug. Bréh. Dampal leungeun deui baé. Réa pisan. Tingaruyek. Dampal nu harapa. Nu tinggal kulit jeung tulang. Nu barau kolombéran. Keur parebut sésa dahareun dina kumbaheun. Dampal nu tuluy tingkodomang kawas kapiting. Nyalampeurkeun. Paboro-boro. “Wilujeng boboran siam, Juragan!” kitu nu tingjelebét dina ceulina. Juragan ngudupung. Humarurung. Digarulung ku mangpirang dampal. Ku ramo-ramo rarengkung. Nu ngajejewét jajantung. Nyareceb niruk genggerong!