"Hi, boleh kenalan?" Ceuk manéhna dina inbok pésbuk. Méméh dijawab ngetik heula ngaran manéhna dina gugel. Hébat, lahirna 8 Juni 1967, ngadosénan di salasahiji unipersitas. Kagok borontok, "booleeh.." cekéng téh. "istri kerja di mana?", "blm nikah, hehe :).." uing gumasép. "klhrn thn brp?", "80, km?", "85. cr istri yg gmn?" teu dijawab heula. Untung teu serius. Ditingalian téh potona dina akun pésbuk séjénna, jeung salakina, anakna, incuna, minantuna. "kalo Mama Rapi siapa?". Teu dijawab. Tanda héjona pareum, langsung oplén.