Ku Godi Suwarna
Rék meuntas pisan. Rék takbiran. Bet aya nu gera-gero. Tukang Parahu ngalieuk. Bréh. Horéng Lutung badag naker. Ngagulayun dina akar. Luncat kana parahu. Tuluy cinutrung. “Anteur, Mang! Uing hayang mudik ka Jabaning Langit…” Lutung lumengis. Tukang Parahu ngahuleng sakedapan. Pok nanya: “Mana Purbasari? Kungsi tepung?” Lutung gideug. Pasemonna aleum. “Geus dikotéktak satangkarak jagat! Teu kapanggih!” Lutung dumareuda. Hawar-hawar, sora takbir awor jeung gumuruh dulag. “Geus taya asih sajati. Iwal ti asih Gusti ka mahluk-Na…” Tukang Parahu gumerendeng. “Numatak, rék mudik baé. Rék sumujud ka Ambu. Rumasa loba dosa!” Lutung cumalimba. Laju Tukang Parahu ngawelah. Parahuna ngalayang ka awang-awang dipirig ku sora dulag. Ngabelesat. Tuluy ngangkleung di langit peuting. Dijajap aweuhan takbir ti bumi. Takbir ti béntang-béntang. Takbir di satungkebing galaksi. Takbir. Lutung nyuuh. Sumegruk nyambat Sang Indung. Jleg. Ngajanggélék jadi Guruminda. Putra Tunggal Hyang Ambu. Cimata karumasana jadi hujan warna-warni nyiram bumi. Jadi kembang marangkak samadhabpapat. Dumalingding di Buana Pancatengah.