Nyi Karsih miluan arisan paket lebaran. Mimitina mah beunang kaolo ku ibu-ibu nu sarua pada ngalanteur budak-budakna ka sakola. Iuran arisanna teu pira, ukur sapuluh rebuan saurang sabulan. Cenah mah pimeunangeunna teh Tarigu dua kilo, minyak kalapa dua kilo, suuk dua kilo, matega sakilo, jeung daging sapi sakilo. Daek weh cenah nabung sataun saratus dua puluh rebu meunang sakitu mah. Nyanghareupan lebaran pilimapoeeun deui rek lebaran jangjina paket geus dibaikeun. Kabeh ibu-ibu nu mariluan padago-dago. Engkoh nyarebutkeun itung-itung neundeun poho, ninggang nepi ka pidua poeeun deui rek lebaran euweuh beja kumaha nasibna paket lebaran teh. Singket carita nepi weh kana maleman takbiran. Ratusan ibu-ibu ngajorag toko nu ngayakeun arisan paket tea. nagih jangji. Kasampak teh toko geus kosong molongpong. Geus saminggu nu boga toko pindah teuing ka mana. Tokona ge disegel ku bank. Nyi Karsih teu hanjelu. Da manehna mah geus leuwih tiheula ngahutang ka eta toko leuwih ti iuran arisan paket.