Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 25 Juli 2013 04:20:27
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."

Rumasa 1

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 25 Juli 2012 04:55:35

URANG bisa manggihan manéh di mana-mana. Manéh bisa cicing siga daun dina cai nu liuh, sakapeung oyag bari anteng tur alon. Manéh bisa motah siga kutu mabok, guak-guik nyungkuran sirah, gugulayunan dina lambaran buuk. Manéh bisa mancawura siga Taun Baru tapi bisa ogé pikakeueungeun siga kuburan nu cekah, bisa sabar siga batu jeung galak siga guludug. Manéh ligar dina kongkolak panon urang. Tong seuri. Ceuk manéh, awéwé mah kudu siga jigsaw puzzle. Pinuh perlambang. Lalaki butuh gambar nu lengkep. Tapi, nu leuwih penting manggihanana waktu méméh lengkep. Bisa ngajarumat, nambal, nyusun lalaunan nepika awor jadi cinta. Manéh mending jadi puzzle, Puteri. Tong langsung nembrak. Boa, keur manéh mah naon resepna. Keur naon?