Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2014 15:30:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Nyiar Lumar 1

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 08 Juli 2012 01:14:34

Poek mongkleng wanci janari. mangrewu geni ngalayang mangrupa cika-cika. Mangrewu lamak bodas tinggeleber meupeuskeun hideung nu ngampar satengahing jagat. Aya nu lampar dina implengan. Kumalayang dina simpe. Yen lumar nu hurip-hirup dina poek, bakal nyangsaya ku caang. Dimana ayana lumar teh? geuning nyumput dina caang.

Komentar (18)

Ki Hasan
Tah tos aya nomeran yeuh! Der Ceu!
Mahpudin
enya tos dinomeran mah tiasa dugi sababaraha hiji yeuh.. heuheuheu...
Liezbella Swanzen New
Ki Hasan: siaaaaaap...... :) Kang Apoedy : muhun pan seueur keneh picarioseunna, diantawisna tos dikabaya tp, teu janten...hehe..
Ahmad Fawzy Imron
Raoseun macana ge fikmin kenging Panyajak mah...pulen.. :) Diantos pisan nomer 2, 3, 4 miwah salajengna,,,
Liezbella Swanzen New
Kang Ahmad : haturnuhun ... :) ji sam su panginten nya kang? :D
Ahmad Fawzy Imron
muhun...hehe..
Asep Komara
fikmin serial eung, prung ah...
Liezbella Swanzen New
Kang Asep: siiip... :)
Neni Geo Albanjari
kerennn...
Budi Mugia Raspati
Deuh, langsung batian ti nyiar lumar teh ...mencrang..
Heni Sumarni
Sakirang2na dugika episod salawe teteh. Diantos.
Liezbella Swanzen New
Teh Neni: haturnuhun teh,.. :) Kang Budi: muhn fikmin ieu mah lgs dr TKP janari tadi, :) Teh Heni: ups,....haalllaaah???
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Lumar ayana dina rasa....."
Irawan Babeh Lova
Lumar bin Semar rupina mah Étéh.....Like this....resep iiiiih
Godi Suwarna
:"Asoooy...! Diantos sambunganana...!"
Yuharno Uyuh ONod
Duh, kayungyu neng Geusan Ulun fikmina. sip jempolna tah Neng Pol pisan.
Teti Taryani
Wah, episode saterasna diantos, Neng Liezbella Swanzen...
Rohendi Pandeglang
memang mun dina caang mah, lumar teh moal karasa onjoyna ti supa sejen. sip jasa