Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Panto Hareup

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 03 Juli 2012 07:21:42

Geus nincak dua minggu, panto hareup imahna tara katénjo muka. Ti saprak salakina kabur ti pangbérokan. Sasarina sok rajeun katangen ngalantung di buruan, selang-selang nyéboran kekembangan. Loba nu manghanjakalkeun, naha bet meunangkeun bangsat gerot. Padahal, rupa nénggang ti jajar pasar, jaba boga gawé. Pareng tepung dina angkot, pada-pada balik ti pagawéan. Lahlahan dipapaykeun perkara nutupna waé panto hareup. “Koncina leungit,” pokna pondok, laju nitah eureun ka supir, najan ka imahna anggang kénéh pisan.

Komentar (27)

Ki Hasan
Tah aya deui fikmin Kang Tatang Sumarsono. Pondok tapi nyodok. Mun nu kakaburan pinter, tangtu moal lumpat ka imahna, da gampang kacerekna deui. Atawa ngahaja sangkan salakina teu datang deui da aya nu nyuluran. Bisa rupa-rupa jalan caritana. Boa nu kieu meureun nya nu multitafsir teh.
Tatang Sumarsono
Nyanggakeun, Ki Hasan, badé disurahan ti sisi mana waé ogé.
Yayan Bedog Supriatna
Jurus ngalayang, laju ngagantung (nu ngagntung tea matak uruy). Hempék deuk disawang kama baé geh ku nu maca séwang-séwangan. Jempol keur Wa Tatang Sumarsono
Rohaendi
tah ieu mah renjaganana nyamuni jasa. teu ngadagor, atawa mantog kana tembok. ke heula deuk nyiar heulan kopi Ka macana kudu rada uleng yeuh...
Hadi Aks
Halah, si Aang! Basajan tapi asa tingburicak kieu, ngahudang pirang-pirang tapsir. Panto nutup teh sigana 'tanda' keur nu lian yen dirina teu nampa deui lalaki sejen -- kaasup tokoh 'kuring' (lalaki na pikiran pun uing mah) nu sok tepung dina angkot. Hehehe...
Nyai Endit
Aya naon atuh nya? Ih, panasaran. Lapur weh kaya kieu mah pigosipeun teh. Ketang, boa nyumputkeun salakina dijero? Atawa nyumputkeun lalaki sejen? Atawa bener ceuk Ki Hasan, manehna embung narima salakina deui? Kasempetan atuh mun kitu mah.
Tatang Sumarsono
Boa tokoh "kuring" téh istri, Mang Hadi Aks.
Hadi Aks
Bisa wae kitu, muka rupa tapsir tea apa Aang mah! Hahaha...
Tatang Sumarsono
Tah kitu, Ka Rohendi Pandeglang, ku ngopi heula mah bakal méncrang geura.
Tatang Sumarsono
Panto tukang mh jigana muka, Nyai Endit.
Nyai Endit
Aeh muhun oge nya. Wah, picurigaeun batur wae atuh nya? Hihi. Janten panasaran. Hahaha.
Endah Dinda Jenura
ieu istri kirang lihey nyumputkeun semu jeung kateuilaharan, keur mah eukeur salaki kabur ti pangberokan, der cetaan aneh-aneh, siga nu ngahaja pikeun ngahudang kapanasaran: panto hareup dikonci lah (leres atanapi henteu koncina ical mah tong dietang), janten tara ngalantung/nyebor kembang di buruan lah, turun tina angkot anggang keneh lah... hoyongna naon sih? boa-boa ngahaja hoyong kanyahoan... teu lantip pisan, wkwkkwk!
Irman N Dimyatié
:"Ah, naha pan lawang ka jero imah teh lain tina panto wae. Malah, salakina mah biasa asup ka hiji imah lewat JANDELA wae. Justru ku nutupna panto, nandakeun aya salakina di imah. Teu kudu heran, ari kangaranan bangsat mah sok tara lewat panto hareup alias terang-terangan."
Godi Suwarna
:"Laaah, aingaaaah...! Cikeneh teh ngomen. Tapi bet ngaleungit. Tetela, FB teh teu damang keneh..."
Rohaendi
saenggeus dibaca bulak balik, doangna ngahaja kos diimah sejen keur ngaleungitkeun jejak pulisi. eta awewe solehah jasa teu nyiar jalu sejen etu ning jejem satia kanu dipangberokan. kitu doang na mah.
Rg Indraswari
mmmmmm sim uing pendak wae sareng para sastrawan kahot.....hadeuh......ayeunamah......mung hate anu noroweco.......bagja.......para ayah ayah yang luar biasa sadayana kum....ayah rohendi pandeglang,ayah GODI, ..anu biasa naca di mangle ayenamah tepung di fb........ayah GODI anu teu damang anu komen hehehehehehe...sanes fbna.......wantunan kieu sim uing......
Iwan Hanjuang
" Koncina " Disumputkeun ku anu ngarangna...
Tatang Sumarsono
Teuing ngagantung, teuing ngangkang, Mang Yayan. Ana tos ngangkang mah (mun lauk), badé dirungkup ti mana waé gé tiasa. Bakal beunang? Duka. Komo mun dina heurapna aya nu bolongor mah, atawa kukuhna bedah.
Tatang Sumarsono
Tuda namina gé istri, Neng Endah. Boa enya sok aya nu aneh-aneh. Disangka kitu, padahal kieu. Kaalaman ku pun uing. Kapungkur, kantos nyangka ka mojang teu neundeunrasa bogoh. Barang dibuktikeun, singhoréng geuning ... sebeleun.
Tatang Sumarsono
Pun uing mah tara sumpat-sumput, Ang Iwan Hanjuang, sok nalalembrak waé. Hanas ku nu sanés teu katingal, jih, nya sanés lepat abdi éta mah.
Iwan Hanjuang
Wakakak ih piraning banyol oge..
Tatang Sumarsono
Pan ieu gé banyol, Ang.
Asep Komara
suspensi tea rupina. Teu peryogi teuing renjagan. Kantun kasurtian ti nu maosna wae. Ngiring neuleuman ah...
Tatang Sumarsono
Ang Asep, boa suspensi té rénjagan téa, nya?
Tatang Sumarsono
Tiasa kitu gé, Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu.
Iwan Hanjuang
Aneh ieu lapak, ayi teh asa males komen, euweuh diakang mah, di fikmin akang komen ayi leungit deuih..
Asep Komara
...nu katewak ku abdi mah, suspensi sareng renjagan teh asa benten. Suspensi mah asa ngaharib sokbreker, nu eundeur teras ajeg deui. Sok sanaos gumantung frekuensi. Dupi renjagan mah sapertos tumpak beca nyorang lombang geuning, ana gejlug teh sok teu mingge deui...boa arucutan eta jari-jari...duka oge pami abdina nu tuwak tewak kirang tarapti...