Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

DongÉng Gringo

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 07 Méi 2012 16:32:25

Genep bulan Gringo disakolakeun. Lulusna yudisieum A. Pinter, gagah, bedas, jeung gangas.
“Dijamin, moal nguciwakeun. Gringo mampuh neguh sakur nu nyamuni, maca pikiran jeung eusi haté jalma,” omong instruktur kepala, saméméh Gringo dibawa deui ku dununganana.
Kasebutna lulusan sakola, tugasna gé istiméwa. Lain purah ngabuburak tukang kindeuw, ngagogogan tukang ngamén nu ngajentréng luareun pager, atawa nyingsieunan RT waktu ngédarkeun sumbangan warga.
Gringo laluasa lar-sup ka rohang tamu. Sakapeung depa handapeun méja. Sémah niat teu hadé, najan dibungkus ku paroman soléh, tong coba-coba! Dalah karék dina mobil kénéh, ku Gringo geus kaambeu. Karepna nyebrut ka buruan bari rurunjang. Cacak teu dihalangan ku pawangna, nasib sémah bakal kumaha mah boa.
Pinter, gagah, bedas, jeung gangas.
Hiji waktu, Gringo nyanggéréng ka dununganana. Rikat pawang murekan ranténa, da bangun lain keur ngajak ocon.
“Siah, ka aing bet kitu peta! Hayang sanasib jeung Ketua KPK?”

Komentar (31)

Irman N Dimyatié
:"Tagening.....! Nu ngagubruskeun ketua KPK teh dunungan Si Gringo. Tewak!!!"
Irawan
walah...kantos panginten Ketua KPK ngagogogan tukang ngamén?
Tatang Sumarsono
Pék téwak ari wani mah, Mang Irman.
Irman N Dimyatié
:"Ieu mah kudu koordinasi heula jeung Si Gringo. Bisi salah faham. Piraku kudu galungan jeung sakadang Tumang. Aya no hp-na Si Gringo teh? Jigana manehna geus curiga ka dununganana. Ulah sagawayah palebah dieu mah."
M A Jalaluddin Sayuthi
Janten emut ka anjing Qithmir nu milu bumela kana bebeneran
Tatang Sumarsono
Boa Gringo gé tgurunan kénéh Qithmir, Pa Kiyai.
Ahmad Yani
Halahhh ...ningan nyabit-nyabit nami Gan Antasari !?, duh boa-boa Gringo ge bakal langsung di tangkarakkeun dina meja operasi, di beresdihan otakna ! heu heu !
Tatang Sumarsono
Ah, saur Mang Yani tamah. Da KPK téh singgetan tina Komunitas Pecinta Kefikminan, heu-heu ....
Ki Hasan
Memang hebat tah si Gringo. Satingkat lulusan S2 jigana mah. 'German Shepherd' nu disakolakeun di 'Lackland Air Force Base' Texas wae sakolana ngan dua atawa tilu bulan. Ngan jigana si Gringo can kauji, kumaha maca pikiran sarta niat pawangna mah.
Tatang Sumarsono
Tong nelepon ka Gringo, Mang Irman Dimyatie. Pasti disadap.
Tatang Sumarsono
Dina kurikulumna aya nu nu kalangkung, Ki Hasan. Maca pikiran pawang mah diiwalkeun. Ayeuna tos ngawitan direvisi tatéh. Leres, jenis gembala jerman, ngan ieu mah buluna meles hideung, disebatna all black.
Nasrul Jatnika
Si Gringo anu kahiji jeung bisi aya anu wani ka imah. Dikantorna pabalatak gringo anu lian. Tugasna leuwih spesifik. Pakarangna oge leuwih samagreng.
Tatang Sumarsono
Tapi Gringo nu di imah mah tos dilatih sina jujur ka dirina, Kiyai Nasrul.
Yetti War
kanyahoan ........
Tatang Sumarsono
Jih, ti basa éta kénéh gé tos kanyahoan, Ceu Yetti War.
Yetti War
jiehhh pan ayeuna mah jelas pisan tina cingina
Rohaendi
Gringo gringo gringo uh! Ceuk jamal mirdad mah... Boa boa enya nu galak teuin mah di dengkek.
Iwan Hanjuang
mun teu salah mah GRINGO teh sindiran suku bangsa Amerika anu teu puguh jadi dirina,rada jero yeuh fikmin teh, siga kalakuan poltisi atawa pamadegan pamarentah, sagala kawijaksanaan soal naon bae aya GRINGO anu ngatur,ceuk akang mah sabenerna puguh GRINGO anu anu nangtukeun lain dununganana. jempol lah ti musisi Jazz.
Tatang Sumarsono
Ku Ang Iwan Hanjuang geuning kakobét. Istilah "gringo" kapendak dina filem koboy, Ang. Gringo di Amerika, di dieu dicangkok bari rada dibonsaykeun. Dicobi sina ngelir sorangan. Keun waé teu sami sareng di nagara asalna gé.
Iwan Hanjuang
di urang Yi, aya istilah Cowboy teh, diditu mah GRINGO, loba negatif na batan positifna..
Nasrul Jatnika
Yaktos Ustadz Tatang..namung kasadaranana mung saageung Cakcak. Atuh moal kiateun upami ngalawan buhaya..
Irman N Dimyatié
:"Aslina mah Cowboy teh budak angon. Cow = sapi, boy = (budak/rumaja) lalaki. Naha di urang bet jadi jelema nu sok ngajago? Oge istilah Preman tina Freeman. Aslina mah freeman teh jalma nu boga gawe, heug menta heula cuti. Naha di urang jadi jelema barangasan? Nyeta kitu ari ngadopsi kecap bari jeung sahayuna teh kieu."
Iwan Hanjuang
Istilah freman janten preman teh ti urang Cipadung Yi, guru basa Inggris turunan garut, mugi uninga we, raja Idem.
Remi Sadkar
Maos karakter Gringo dina Fikmin Uwa di Luhur, jigana moal ringrangeun eta si Gringo teh! Najan diancam rek direngkolkeun jiga pupuhu KPK...Hidup, Gringo! (Gringo Minded) Hehehehe...Asyiiik, Wa Tatang!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Pawangna mah tara kantos kaambeu ketakna ku Gringo..
Hena Sumarni
heu heu, aliiiiiiiiiiiiiiiiiim...........
Dadah Hidayat
Heuheuheu. Marukan teu langkung gangas? Ketua KPK ge duka kumaha nasibna. Heuheu
Ki Hasan
Eta "preman", aya kamungkinan sejen, Kang Irman Dimyatie, nu hartina sarimbag sareng harti nu mindeng katangen di masyarakat urang. Boa tina "foreman" nu maksudna mandor tah.
Irman N Dimyatié
:"Maksadna George Foreman? Tah, upami ieu mah kahartos. Tukang teuteunggeul hahahaha..."
Yetti War
resep nya nyaah teuing tah Gringo teh sing diraksa ah
Budi Mugia Raspati
Kecap-kecap anu merenah, pilihan diksi anu pas, bade dipulungan..