“Méméh prak, Aki tetep wajib ngélingan ka hidep. Karep hidep téh baris dibendon ku Pangéran,” ceuk Aki Kuncén daria.
Kurang leuwih nya kitu pisan wawadi ti kuring gé. Samalah kuring mah maké basa agama. “Mangkahadé pisan, ieu téh kaasup musyrik, nu moal bakal meunang ampunan ti Gusti Allah,” ceuk kuring harita.
Tapi si Uking mémang geus banget buleud patékadanana. “Kuring bosen hirup sangsara,” pokna. Kapaksa kuring jajap, sakumaha paméntana.
“Heug atuh ari kitu mah. Ngan aya saratna. Hidep kudu ngawin salah sahiji parawan nu ku Aki geus disadiakeun.”
Balik ti gunung K, paromanna katingali sumringah. “Geuning saratna énténg pisan,” cenah. “Ukur kudu ngawin parawan pinilih. Jaba geulisna kawanti-wanti deuih.”
Anapon kuring, masih kénéh ngadégdég alatan manggih kareuwas nu banget kacida. Sabab, parawan nu rék dikawin ku si Uking téh sidik ceuk panénjo kuring mah, salah sahiji oray gedé naker di antara dua oray nu disogrogkeun ku Aki Kuncén.***