Wanci sareupna, angin pating saleor ngulinkeun katugenah nu dibawa ti imah. Suling nu silung, asa teu wawuh jeung wirahma, da puguh rasa kumalayang teu puguh eunteupna. Sok, ngasongkeun wadah urut bungkus permen nu pinuh ku receh, ka hiji wanoja nu anteng nenjo langit diluar jandela kaca beus. Aya nu tingsariak basa nempo panon eta wanoja, leleb, anteb, seukeut jeung jero, lir panah nu bisa meulah langit nu angkeb, --asa nyurup jeung warugana nu dibungkus ku pakean hideung. Srog, kuring ngasongkeun wadah leuwih deukeut kana awakna. Manehna ngareret. Teu lemek teu nyarek. Mencrong ku sorot nu bisa nembus kana jajantung, "Kudu turun ayeuna, benerkeun heula masalah", pokna teges, marentah. Kuring hareugeueun, kasima ku pencrong seukeut jeung parentahna. Linglung, tuluy turun tina beus. Ngeluk tungkul bari kerung. hawa tiis karasa nyelesep kanu sanubari.
Barang ret deui ka jalan, katenjo beus nyemprung satarikna, lempeng di jalan nu kuduna belok, da puguh hareupeunnana aya jungkring nu lungkawing. Awak ngabatu. Panon ukur bisa molotot.