Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Sentak Badakeun

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 27 April 2012 19:23:22

Hayang nyalsé, ngahaja ninyuh cikopi di dapur, bari ngareureuhkeun capé. Nyot udud. Karasa haneutna cengkéh.
“Aya langganan anyar, keur ngadagoan,” ceuk nu mawa béja, jolna ti rohang tamu.
“Bikeun atuh ka nu séjén,” cekéng téh.
“Keur ngareusi. Apan loba nu peré. Bagi-bagi komisina,” bari nyirihil.
Ditoong tina sesela panto. Aya lalaki diuk rada nukangan. Kang Bandi, kitu? Boa enya. Kang Bandi anu baréto pangheulana nyaréan, dina umur wewelasan, lantaran waragad rumah sakit teu bisa dianjuk. Aya lima-genep kalina, ngan teu kungsi sabulan. Eureun-eureun sotéh satutas indung dianteurkeun kana mobil janazah.
“Gancang geura ka kamar. Kadé tong nguciwakeun,” digebah ku nu boga tempat.
Enya ah, asa Kang Bandi. Apal kénéh kana pamakéna, anu sok rurusuhan. Ngan pédah ayeuna mah geus teu pati rosa tanagana. Teu loba dijedud-jedud sentak badakeun.
Réngsé. Angger kawas baréto, terus dangdan deui rurusuhan. Nangtung nukangan, bari nyisiran.
“Badé mindoan?”
Manéhna gideug, sok neundeun duit luhureun sepré. Laju kaluar ka luar.

Komentar (36)

Irman N Dimyatié
:"Waas ku judulna. Sentak Badakeun. Kabayang nyentugna kana angen hahahaha...."
Yayan Bedog Supriatna
ari ayeuna malam jumaah keneh kitu?, hihiii...
Iwan Hanjuang
ari sugan sentak badakeun teh hahaok wungkul kawas Irman Dimyatie aya nya sentak badakeun anu ngajedud ge, lain gerenyem nilem biasana mah?
Rohaendi
Heuheuy malem jumaah, sunah rosul. "Laju kaluar ka luar" kumaha tah ka? Hehe.
Rudi Riadi
Tangtos peryogi observasi nu husus ieu fikmin teh, Kang. Mani gemet...hehe.
Ahmad Yusup
Gaya metafora dianggo ku Kang Tatang pikeun ngagambarkeun kahirupan rahayat leutik nu pabaliut dina masalah ekonomi. Ngan kuring ngawawaas ' gideugna nu sok nyentak badak', lantaran beakeun tanaga. Sigana bari melong kosong.....
Rin Riani
Kasered ku bubutuh,... antukna mah matuh,....
Tatang Sumarsono
Sentak badakeun mah, Ang Iwan Hanjuang, larapna kana pamolah, sanés kana nyarios. Tangtos peryogi observasi, Ang Rudi Riadi, minimal tina bahan bacaan. Jigana, ieu fikmin teu seueur nyésakeun lolongkrang, nya?
Tatang Sumarsono
Kaluar lalawanan tina asup. Ka luar lalawanan tina ka jero. Kitu Ka Rohendi Pandeglang.
Tatang Sumarsono
Katingalna mah, Ang Yayan, teu patali sareng malem Jumaah, da.
Yayan Bedog Supriatna
'Laju kaluar ka luar.' edun tah nu ieu karak kaharti ku sim uing. Tepi ka irong ka lebah dinya ari ku nu luang pangalaman mah.
Kantika Sofian
Sapertos biasana...ngaguluyur...henteu vulgar. Bentang pangmencrangna ti abdi kanggo Pa Tatang Sumarsono.
Rohaendi
Aeh enya nyah... Sup ka jero. Tapi naha tara... lar ka luar nyah?
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
numutkeun kamus sentak badak di­basakeun kana carana ngagarap pagawéan anu mimiti getol hésé-hésé gé, tapi lila-lila jadi melencing; laju kaluar ka luar..kaluar kamar muru ka jero.. jero kamar nu lain
Tatang Sumarsono
Lar mah kanggo ngaliwat, Ka. Punten, ngarah tétéla bédana, geura urang contokeun dina kalimah: 1. Lantaran ngarasa wirang, manéhna kaluar tina grup FBS. 2. Basa kadéngé sora motor, Naning ngilikan ka luar. 3. Sasarina tukang baso téh wayah kieu geus lar ngaliwat ka hareupeun buruan. (sakapeung kecap ngaliwatna mah teu dianggo, cekap ku lar wungkul).
Iwan Hanjuang
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, mun dikamus akang mah, sentak badakeun teh, ngageunggeureuhkeun atawa nyarek, anu sabenerna mah ngomong biasa we teu kudu nyentak..
Tatang Sumarsono
Sakaterang, Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, sentak badakeun téh hartosna baranggawé reureundahan (tidak konstan). Sakapeung gancang, sakapeung kendor. Sakapeung maké tanaga, sakapeung palaya-péléyé. Tiasa waé aya hartos sanés, da basa mah kadang-kadang sok gumantung kana lokasi.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
berarti hartos éta tiasa dilarapkeun dina kalimah di luhur "Teu loba dijedud-jedud sentak badakeun." kumargi nunjukeun pagawéan, sanés hartos nu kapendak tina kamus ku Kang Iwan Hanjuang
Budi Mugia Raspati
Haduh nambih pangaweruh, ka luar, kaluar, beu!, nuhun Ang!..
Wawing Kasep
hik hik hik. Meni getek kieu fikminna, Kang. Kawitna mah nulungan indung keur biaya rumah sakit. Horeng kangeunahan nya....
Jordan Kurniawan
nu katewak ku sim kuring mah laju kaluar ka luar teh. pami tos beres mah langsung kabur we he he he
Remi Sadkar
Dongeng ti Ahli dongeng, dongeng pisan! Dupi goongna, eta tiasa disebat Kadalon, Wa?
Tatang Sumarsono
Tiasa disebat kangeungeunahan gé, Ang Wawing. Eta kumaha surahan nu maca. Saleresna, ieu fikmin téh tiasa diperalkeun panjang pisan, dugi ka janten novel,pamina. Ti ngawitan (punten) nukeurkeun kaparawanan dugi ka janten pangeusi lokalisasi téh, tangtos tiasa dieusian ku kajadian-kajadian anu kacida panjangna. Pék cobian, geura. Ngan honorna bagi dua jeung pun uing, he-heh ....
Tatang Sumarsono
Kadalon, Ang Remi, tina dalu, jadi kadaluan, terus kadalon. Mun dina istilah sastra nu umum, disebutna pleonasmeu. Contona: ngapung ka luhur, rieut sirah, turun ka handap, jst. Kaluar ka luar, kadalon?
Remi Sadkar
sanes hartos pengulangan kecap atuh nya, Wa? Kadalon mah pemborosan kecap?
Tatang Sumarsono
Cacak lamun ungkara "kaluar ka luar" disimpen di bagian tengah, jigana Nyimas bakal ngahartoskeun séjén, heu-heu ....
Tatang Sumarsono
Malikan deui kecap mah disebatna repetisi.
Yayan Bedog Supriatna
nembe uinga oge kahartos 'kaluar ka luar' mah ja biasana 'ka luar-ka jero' Wa
Remi Sadkar
Muhun, Wa. Nuhun..katampi pisan ...
Tatang Sumarsono
"Ka luar, ka jero" mah bulak-balik atuh. Luar jeung jero di dinya nuduhkeun tempat, tur tiasa diganti ku tempat séjén. Ari "kaluar ka luar" mah" kaluar" di dieu hartosna bijil.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
ahahaha...dipulangantingkeun téa atuh upami ungkara éta disimpen di tengah mah
Tatang Sumarsono
Nya.
Remi Sadkar
Ahihihihihihihi
Iwan Hanjuang
ka jero ngilu, ka luar samutut...
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
hihihihi...bongan diémutan ka dinya
Rinto Variasirias
Edas kg tatang! meni manteb kieu, ieu fikmin? asa hoyg lebet kana ieu fikmin teras hoyong janten langganan anyar hihih!