Jaman baheula aya hiji awewe. Di jerona simpe. "Abdi hoyong..." harewosna hiji poe basa deku ngeunteung na beungeut talaga. Aya nu otel dina dadana. Reup mega-mega. Hiuk angin. Bray. Dunya cekah ngeprulkeun sapaneja, pluk jeung bungahna. "Abdi hoyong..." pokna deui bari nangkeup pasir nu laju ngagibrig murulukkeun surti. Gorehel. "Kuring hoyong..." Sok. "Kuring hayang..." Bro. Bro. Bro. Simpe ngahephep dirampes teu repeh. Karep digugu napsu nu gagalacangan di hiji jaman. Di hiji jaman. Di hiji jaman aya hiji awewe nu ngalanglang sagala nu bisa kasaba ku dampal sukuna, gugurawilan dina lenjang areuy leuweung, lampar ngagilindingan kahayang. Anu. Itu. Ieu. Eta. Kabeh keur manehna. Nu manehna. Keur aing. Nu aing. Aing ngawasa hayang. "Aing hayang!" gerewekna ka Langit. Gubrag! Langit murag.