“Kalér, kidul, kulon jeung wétan; anjeun pancerna. Hareup, tukang, sisi katuhu jeung kénca; anjeun pancerna. Cai, seuneu, angin, taneuh; anjeun pancerna.” Ukur sakitu nu kapiinget. Loba deui perkara-perkara nu opat rupa, lebah ka limana anjeun deui, anjeun deui. Pancer deui, pancer deui. Omongan éta kolot asa teu kaharti. ‘Na naon atuh ari uing téh? ‘Na naon atuh ari pancer téh? Kapan kumelendang di ieu kahirupan gé teu dipihayang. Sagala asa ujug-ujug aya. Ditungtungan ku euweuh. Ah, mingkin teu kaharti waé. Jung nangtung, ngeunteung. Anteb. Gurat-gurat umur natrat lebah beungeut. Gék di juru dipan. Tuluy ngagolédag. Ngadon ngahérang. Ras kana diri. Ari poé isuk rék lumampah kamana? Ngadadak awak karasa tingsariak.