Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Sindang

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 29 Maret 2012 12:10:24

(tina panineungan lawas di pamoroan)

Nyamos teu beubeunangan. Padahal ngabitur ti mangsana haneut moyan. Manggih tapakna di Haurmuseur. Kidang ranggah, giras leuwih ti cangéhgar. Parat diudag ka Bojong Salam, ngaprak leuweung Tarikolot. Motong tilu-opat pasir. Terus malipir ka lamping, laju mudun ka hilirkeun, kaléreun leuwi Harungan. Hanjat deui ka Nanggéwér, mubus ka leuweung tutupan.
Bating, boa kidang kasandingan, bangun nu hayang ngulinkeun, mangprang teu daékeun leuseuh.
Uing papisah jeung babaturan. Karep rék balik ka asal, tapi poho deui jalan. Duh, kapidangdung mugagkeun mulang, mangkaning hujan breg mantén. Kabulusan.
Manggih jalan, nya turun ka Cibubuhan, geus reup-reupan.
“Kulem di dieu wé, Adén. Upami maksakeun mulih, tangtos kawengian,” pribumi lalaki soméah akuan.
“Iwang, ieu aya tatamu sindang, geura haturanan,” garwana teu éléh daréhdéh.
Sabulan ti harita, uing mimiti diajar bumén-bumén, di Cibubuhan.

(Insya Alloh, bakal diteraskeun dina jilid 2)

Komentar (47)

Ari Andriansyah
Fikmin rasa carpon, Pa. Diantos terasanana. Ras emut kana carpon "Ijen", pogot.
Rohaendi
horeng kekecapan nu geus buhun geh aya keneh na sastra mah nya Ka? Ngan tilok diparake sapopoe ku urang wetan mah. Tah... Didieu mah diparake keneh, beda na teh.
Tatang Sumarsono
Lalakon taun 1970-an, Ka Rohendi Pandeglang. Kantos ngaos "Ijén", Ang Ari Andriansyah? Eta mah carita dunya lalaki téa, jaman pun uing belekesenteng, wani meuli mun aya anu ngajual, ha-ha-hah. Ayeuna mah geus aki-aki, tensi wé mindeng naék.
Ari Andriansyah
Tatang Sumarsono: sanaos tos sepuh ge, ari jiwa mah ngora wae, komo lebah produktifna&kakuatan nyeratna mah, boa moal katuturkeun ku nu anom, Pa. heheh..
Tanti Damayanti
leuh mani hoyong geura maos jilid nu ka dua
Ki Hasan
Eta kidang Neng Iwang, jiga nu ngahaja ngagiring paninggaran sangan anjog ka Cibubuhan. Neng Iwang putri Pandita Sakti padepokan Cibubuhan.
Tatang Sumarsono
He-heh, Ki Hasan aya ku seukeut paningal. Lalakon lawas ieu mah, Ki, saméméh pun uing ngumbara ka Bandung.
Iwan Hanjuang
bisaan mengparkeun ungkara, tina laju mudun ka landeuhkeun jadi ka hilirkeun,mun euweuh leuwi akang interupsi hahahaha. Tah ceuk akang komen kamari ieu teh arransemen lagu geus 12 chord geus grade 6, ngalung boyong kalimahna, meni nimat, asa dahar sangu pulen jeung peda beureum, sambel lalabna antanan jeung tespong.Perlu waktu jeung keyeng diajar mun hayang jadi arranger siga kieu.
Tatang Sumarsono
Jiwana gé geus kolot, Ang Ari Andriansyah. Pun uing mah geus teu loba kahayang hirup téh. Mun dina cai mah geus mimiti ngajumbleng. Kari ngadagoan panyaur, "Tatang Sumarsono, geura balik!" Ari lebah produktivitas mah, heueuh, apan maksakeun, da kajurung ku pangabutuh hirup. Eta nu ngalantarankeun pun uing terus barangjieun, rupa-rupa (jih, naha bet nyaritakeun diri sorangan ieu téh).
Is Tuning
... "Iwaaaaaang... kamana budak téh nya ?" "Aya Ema, ké antos sakedap.." sorana halimpu. Teu sawatara lila, jol budak awéwé mawa baki. Sor cikopi, cau raja saharip jeung kiripik sakaléng. Basa dilieuk, teu wasa paadu teuteup, sakolébat asa aya nu melag na tikoro. Burileuk panon jeung imutna bet asa neumbrag kana lelembutan. Kuring neuteup tonggongna basa manéhna asup deui ka kamar. "Tuang putra ?", ceuk kuring ka pribumi "Leres Adén, pun anak. Mung hiji-hijina.." Uplek ngobrol nepi ka tunduh nyampeur. Basa isukna amitan, kuring api-api ingkud-ingkudan. "Dén, saéna mah tong mulih ayeuna, hawatos. Sawios énjing baé.." Kuring teu wasa nolak... :P
Tatang Sumarsono
Bahan tos nyampak dina diri Ang Iwan Hanjuang. Kirang kumaha. kantun leukeun, bari keyeng, tur teu delitan (is, naha mapatahan ka saluhureun uing téh).
Remi Sadkar
Hahahaha...Wa perbu, sebagai Raden Ujungan, ari neng Iwang sebagai Putri Jin,...Benten Carios tapi ni'matna, dahsyat! Kantos Maos Carios Ciujung jeung Ciberang, Wa?
Iwan Hanjuang
Is Tuning, sakedap atuh Pa bade meser roko heula, barang laju ka warung aya anjing ngudag, belenyeng we lumpa tarik pisan. Gening aden tos damang tina ingku-ingkudanana, hahahaha
Ari Andriansyah
Tatang Sumarsono: heheh.. kanggo tuladeun nu aranom. Teu nanaon da sanes goong nabeuh maneh ieuh. Estu bekel bae kanggo sadayanan. Diantos novelna oge, Pa. Da mung salira nu tiasa ngudak hatrick Rancage kang Godi mah.
Is Tuning
.. Kang Iwan Hanjuang, diwalon deui kieu : "Nyeri mah nyeri, mung maksakeun wé ieu mah..." Bari runya renyu jiga nu kanyenyerian. ha ha ! akal tukang moro téa ateuh
Iwan Hanjuang
Yi akang ari ngajar musik ka kelas intra boh ka Yamaha foundation ekstra tara mawa buku , kabeh geus aya dina diri jauh kana umaing.Ayeua akang diajar dina sastra sunda rek leukeun, keyeng, jauh kana delitan Insya Allah.
Tatang Sumarsono
Enya, kitu lalakonna téh, Jang Is Tuning, mun dituluykeun mah. Iwang, anu karék lulus SPG, bisa nyéos haté uing anu remen bedang jeung tara pati miduli ayana rasa sieun. Enya, Iwang Nawangwulan. (Ngantunkeun tilu minggu ti salahirna anak uing nu cikal--Allohumagfirlaha, warhamha ....). Jadi, jilid 2 té teu kudu dituluykeun, sakumaha harepan Bu Tanti Damayanti.
Is Tuning
Nyaan éta téh Mang Tatang? Innalillahi wa'innailaihi rojiun.. duh, hampura Mang. Mugia Almarhumah ditampi kalayan dilebetkeun umat nu Solehah..
Tatang Sumarsono
Ang Ari Andriansyah, novel uing nu pangpandeurina medal Singgasana Terakhir Pajajaran (Bentang Pustaka, Yogya). Ayeuna nu nuju dina proses citak Tina Catetan Revolusi.
Dadah Hidayat
Aya istri geulis moal nya di bumi nu darehdeh ? Aya sigana mah. Urang antos ah nu kaduana. Hehehe
Yanti Sri Budiarti
Deuh ah, bade komen teh teu kebat wae. Paingan fikmin nu ieu mah benten geterna, tuda kedal tina asih nu pohara. Saeeee...! Mugia nu tos mulang ka kalanggengan tetep tumetep dina pangkonan kanyaah Alloh...:)
Irman N Dimyatié
:"Ngahuleng keneh. Mikir... naha kunaon bisa kitu?"
Ahmad Yani
Duh .. Gambar pangalaman waktos bebedil, meni cekas, nyacas, eunterup na kongkolak panon. Ka sawang renghapna, kasawang hegakna, kasawang oge kulawuna hate, waktos nyamosna. Hirup pisan Ang !, tinangtos batin ngiring ilubiung, ngajantenkeun eusi carita, teu kinten hirupna. Asa langkung sieup !, tibatan dongeng lalampahan Yapto S, ketua PP Pancasila, waktos bebedil di leuweung Afrika !. diantos pedaran salajengna Ang !@Tatang Sumarsono.
Akoer Lah
Di lembur abdi aya nu namina Cibubuan, lembur gugurna Mayor Abdurrahman & Kapten Edi Soemadipradja (pamanna Kang Sam Askari Soemadipradja) tanggal 11 April 1947 dibongohan ku tangtara Walanda.
Tatang Sumarsono
Iwang mah sanés putri jin, Jang Remi Sadkar. Iwang Nawangwulan binti Soedirdja Anggapradja.
Tatang Sumarsono
Nuhun, Ang Ahmad Yani. Harita, pun uing sanés nuju bebedil, tapi moro ku cara ngudag-ngudag (ngabitur), madoman kana panting anjing. Pami morona nganggo bedil tara dianjingan heula.
Tatang Sumarsono
Cibubuhan ieu mah, Ang Akoer Lah.
Tatang Sumarsono
Nuhun kana rasa simpatina, Neng Yanti Sri Budiarti.
Jajang Arohmana
Weis pangalaman Jenggo ngalalana...
Tatang Sumarsono
Jenggo atanapi Jango, Ang Jajang?
Wawan Setiawan Husin
para saderek sadaya nu aya di luruhreun komen sim uing, kalayan iklas jeung rido, sim uing muji ieu paguneman. silih sawer ku pangalaman, silih simbeuh ku luang jeung daluang, silih bukakeun wawasan jeung pamadegan. teu nu anom, teu nu sepuh, mudalkeun eusi peujitna, asa ngobrol sareng baraya, asa diskusi sareng sobat nu daralit. ENDAH BANGET, JEMPOL POL KANGGO FIKMINER SINARENG SADAYA KOMENER DI LUHURER!
Akoer Lah
Kang Wawan Setiawan Husin : Apanan aya lagu Sunda Sawawa sareng Sunda Jaya nu unina : Sunda Sawawa : Ieu kuring putra Sunda Putra Sunda nu sawawa Nu nyaah kana dirina Jeung budaya karuhunna Ahliwaris Guruminda, Mundinglaya Purbasari, Dayang Sumbi, Sangkuriang He sakabeh Putra Sunda Putra Sunda nu sawawa Nu bela kana dirina Jeung budaya karuhunna Geura teang Guruminda, Mundinglaya Purbasari, Dayangsumbi, Sangkuriang Sunda Jaya : Bray siang alam padang narawangan Tatapakan pangapungan (ajeg) Alam ieu anu kula (anu kula) Mataholang raga sukma Surya medal, kula datang Surya surup, kula mulang Datang ti dieu, mulang ka dieu Kula Sunda ti Ki Sunda Kula Sunda keur Ki Sunda
Ki Hasan
Kang Wawan Setiawan Husin, tah kitu pisan nu karasa ku uing ge. Dina komen aya guaran nu leubeut ku pangaweruh. Bari ngaraketkeun silaturahmi tea. Numatak sok helok, upama masih keneh aya nu nyerewedan kitu-kieu teh.
Tatang Sumarsono
Jeung matak hélok deuih, Ki Hasan, lamun aya anu rék komén, tapi teu tulus, lantaran dicarék ku kabogoh.
Wawan Setiawan Husin
ku kabogoh batur deuih!!!
Tatang Sumarsono
Ha-ha-hah .... Kang Wawan aya ku telik. Abong leres weruh sadurung winarah.
Wawan Setiawan Husin
wkwkwkwkk...!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
ku kaleresan sindang téh di hiji bumi nu kagungan putra parawan nu geulis... pangalaman nu éndah
Tanti Damayanti
Leuh kang Tatang Sumarsono, boro diantos jilid nu kadua ...ku sim uing , ngiring sungkawa ... . Di wawaas tadina mah lalalkon charles bronson heheheh ...
Tatang Sumarsono
Apan Charles Bronsonna teras ngumbr ka Bandung, Bu Tanti Damayanti. Ka Cibubuhan mah paling gé sataun sakali, pami lebaran, bari sakantenan nyekar ka makam si jenat.
Tatang Sumarsono
Pangalaman tukang moro, Nyimas, henteu mung ukur akrab dina dunya kekerasan wungkul. Aya ogé anu éndahna, dina mangsa lawas. Ayeuna mah leuweungna ogé tos rangsak, duh.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
moal tiasa moro parawan deui aéh maksad téh kijang
Iwan Hanjuang
moal da letoy ayeuna mah, manasina baheula keur.....letoy...wakakakak
Wawan Setiawan Husin
sumuhun kijangna parawan keneh.... nun!
Kokom Komariah
Sok panasaran, hoyong geura aya terasna, diantos!
Tatang Sumarsono
Kitu lah, Ang Iwan, leres pisan. Tapi rupina, salétoy-létoyna gé pamtang manten, jringas kénéh pami dibandingkeun sareng warga panti jompo mah.
Godi Suwarna
:"Ang, uing pesen fikmin perkara malim. Ku uing mah moal kabadanan...! Der, ah...!"