Geus gilig, rék dikedalkeun ayeuna, ungkara meunang ngapalkeun sapeuting jeput. Tempat jeung suasana éstu ngarojong pikeun kedalna dalingding asih: ka Nénéng.
“Lindukna soca salira, karaos tingtrim ngaiuhan lelembutan, lir tangkal juar di Malabar. Pami nuju pacaket kieu, dina sonten nu santen, haté Akang anu hanaang, asa kasiram asih salira anu wening. Duh, Nénéng, ku hoyong Akang salalamina ngarungrum, bari sakapeung susumputan dina rambut anu nyampay kana taktak salira …..”
“Ahihi-hi …,” kalah nyirihil.
Jadi pugag, kalimah tuluyna anu rék dikedalkeun ngadadak lus-les laleungitan.
“Kayas, kayas …, mani ngadadak jadi puitis jeung romantis, ahi-hi-hi …,” angger cécéngésan. “Asa maca fikmin meunang Si Kang ....”
“Serius, Nénéng, ieu téh.”
“Biasa wé atuh, Kang, ulah nurutan sastrawan moyan.”
“Kumaha, biasa téh?” mimiti nyereng.
“Ih, tong ngambek atuh. Nya biasa wé, tong fifikminan.”
Ngahuleng sakeudeung: “Heueuh atuh, Sarnéng, uing bogoh ka manéh!”
“Nyéta, Sarnéngna teu bogoh, Sartang!”
(bakal diteraskeun dina jilid 2, pami pangarangna purun)