Update: 31 Maret 2012 19:40:09

Demo Bbm

Ku Yetti War

Rug reg mobil patroli pulisi aya kana limana, treuk nu mawa ratusan pulisi aya tujuhna acan treuk Satpol PP teuing sabaraha hiji da mani ngajajar di hareupeu warung.
Pulisi jrat jrut tarurun bring ka warung nu kuring, halabhab sigana teh da ngaradon jajan kadaharan jeung inuman.
Alhamdulilah tah babak kahiji kulkas dua nu parinuh teh ledis jaba kadaharan corengcang.
,, Eusian deui Nung pinuhan, hut het kuring duaan ngeusian kulkas hiji sewang.
Teu lila beretek pulisi lalumpatan, aya naon nya deregdeg kuring ge milu lumpat ka sisi jalan, eueueueuh ning mapagkeun nu demo nu kakara datang.
Teulila nu demo ngaliwat kahareupeun warung da gigireun teh gedung DPR, barakatak kuring seuri ngeunah .
,, ha ha ha ha ha ha ha Nuuuuuungngngngng ning nu demona ge diitung teh ngan lima belas urang.
Babak kadua bring deui aya pulisi dariuk di warung kuring.
Alhamdulilah, iraha nya aya demo deui.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ki Hasan: Engke deui mah SMS kitu ari rek demo teh, ngarah tatahar eusi kulkas.
  2. Meyz-Moelz Meliawati: Atuh..ayeuna th nuju sibuk ngetang bati nya....wioslah...diantos uang dengarna we..he...
  3. Jojo Johari: Horseeeh! Jiga nu kamari demo di gedong astana dewan batawi ..heuheuheu hareueuh?!
  4. Yetti War: Muhun ah Ki Hasan da tos karenal ning sareng bapa pulisi teh engke diwartosan deui saurna teh
  5. Yetti War: Mamiiiihhhh dimana nuju naraon yeueueueuhhhhhhh he he he, daramang kulaaaaaaaaaannnnnnnnn
  6. Yetti War: heu heu heu kang Jojo aman terkendali nu demo limalas urang nu jagi mang ratus2 ..... warung nu untung ...... sing sering we ah
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Yetti War
  1. Teuteup Jero
  2. Semu
  3. Demo Bbm
  4. Iindung Bapaan
  5. Mamanis
  6. Huripna Hirup
  7. Bral
  8. Nyileuk
  9. Sora Peuting-peuting
  10. Sajak Kabungah
  11. Pikayungyuneun
  12. Si Geulis
  13. Nu Lolong
  14. Tibelat
  15. Doa
  16. Tong Kaduhung
  17. Beberesih
  18. Nu Parasea
  19. Nu Kabebenjokeun
  20. Mata Hate
  21. Nu Sono
  22. Antosannya
  23. Nu Beda
  24. Keretas Ipis
  25. Murel
  26. Jaim
  27. Nu Teu Leungit
  28. Nu Bau
  29. Siomay
  30. Simpena Peuting
  31. Pil
  32. Adat Anyar
  33. Dimana Tungtungna
  34. Biheung Iraha
  35. Balebat
  36. Panenjo
  37. Imajinasi
  38. Dunya Kaliwon
  39. Rasa
  40. Deluk
  41. Borangan
  42. Nu Geulis
  43. Aheng
  44. Mamang
  45. Nganjang
  46. Gurat Batu
  47. Fiksimini # nyerenkeun #
  48. Ngopepang
  49. Fikmin# Si Suweng #
  50. Kiceupna
  51. Heheh
  52. Kanyaah
  53. Fikmin # eunteupna panon #
  54. Tagiwur
  55. Puputon
  56. Ligar
  57. Hemeng
  58. Si Lucu
  59. Magrib
  60. Kagembang
  61. Cj
  62. Fikmin
  63. Nyemah
  64. Nganteur
  65. Mani Pantes
  66. Labuh
  67. Fikmin
  68. Kahirupan
  69. Sebel
  70. Kadeudeuh
  71. Lapar
  72. fikmin # kapiasem #
  73. fikmin # kanyaah #
  74. fikmin # Sora HP isuk-isuk #
  75. fikmin # Bral #
  76. fikmin # nu sarono #
  77. fikmin # Tutut #
  78. fikmin # janari #
  79. fikmin # leungit #
  80. fikmin # sms #
  81. fikmin # Lapur #
  82. fikmin # Hariring #
  83. fikmin # pondok pisan #
  84. fikmin # Harewos Subuh #
  85. fikmin # Diajar Nguseup #
  86. fikmin # Beu #
  87. fikmin # Baheula jeung Ayeuna #
  88. fikmin # sedih #
  89. fikmin # Limaan #
  90. Fikmin # Rehe #
  91. fikmin # beja #