Update: 05 April 2012 15:40:26

Diantawis Urang Keur Urang

Ku Akang Remi

Ngajengjreng, nu keur milu audisi. Sabar. Daria. Saurang-saurang pada nembongkeun kabisana. Girang pangajen anegleng, ngimeutan. Silih harewos. "Tah nu ieu euy cokot, teu alus sorana mah, ngan tenjo tuh awakna! Jaba nguntungkeun keur urang" ceuk pangajen nu hiji ka nu lianna. Pada unggeuk. Laju patandang sejen midang. Sora alus, beungeut alus, pon kitu awakna nu sexi. "Montong diluluskeun euy! Euweuh untungna keur urang, idealis teuing pamadeganana! Ceuk pangajen kadua kabaturna. Pada nyaluyuan. Tepi ka patandang pameakan. Sora silung, beungeut jajar pasar, awak bayuhyuh. "Asupkeun! Jelema ieu bisa asup dina lingkungan urang. Beunang diatur, tadi pareng ngobrol di lobi hotel." kitu putusan girang pangajen. Kabeh nu kasair harita, baris ditampilkeun di rohangan umum nu leuwih lega, tingkat internasional. "Menakjubkan, ini sangat merata, nyaris semua komponen di negri ini, berdiri pada level yang sama" kitu unina ulasan umum ngeunaan eta pasanggiri, dina unggal media informasi.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Rudi Riadi: Jeroooooo Gan Remi. Uing asa lalajo enonesan edol kenoh, tapi ieu mah versi caliweurana. heuheu.
  2. Akang Remi: Gan Rudi Riadi, Sumuhun caliweura abeees! Heuheuheu....Tos seueur teuing potensi nu dipagasan, waktunyah berdirih, dan teriakan "Mari kita segerakan revolusi pribadi masing-masing!" Hahay....
  3. Dewi Mentari: Janten watir kanu sakedahna mah..kedah nya. Tapi, itulah....
  4. Eman Rais: Leres saur tukang sulap, anu penting mah bisa diatur
  5. Irman Dimyatie: :"Inilah negeri ini! Ceuk Tukang Demo semangat pisan. Diaminan ku nu sejen. Kabeh sapuk. Tutup tah audisi teh! Nu sejen ngagorowok ti tukang bari ngamang-ngamang mutu jeung coet. Girang pangajen soak. Parias. Aya rasa rumasa jeung era dina dirina. Tapi, kumaha atuh da ieu mah geus ngajadi 'sistem' ceuk maranehna. Tetep dina pamadeganana nu nyalindung ka siste. Sistem disalahkeun. Duruk sistem! Aya nu ngagorowok bari ngacung-ngacung obor. Duruk...! Duruk...! Akhirna sistem pada ngagugunyeng. Gurudug ka kidul. Dibedol ka kaler. Digusur kaditu-kadieu. Tungtungna... nu demo paraeh sorangan...."
  6. Akang Remi: Aceuk Dewi Mentari. Sumuhun ceuk, itulaaaaaah! menyebalkan sangaaat!
  7. Irman Dimyatie: :"Sabaaaaaar, Jang! Ceuk Mang Duyeh bari ngusapan bedog betekokna nu karek meunang ngasah."
  8. Dewi Budi: Subjektif pisan nya............
  9. Akang Remi: Gan perbu Eman Rais. Hahahaha, lah na ta teh, jeung tukang sulap sagala! Tapi da leres, ketang sarakti pisan, Tring! Jadi...Tring! Leungit...
  10. Irman Dimyatie: :"Kade sulapna salah jampe ... tibalik. Curukna ngaleungit hahahaha..."
  11. Akang Remi: Halaaaah Etah, Gan perbu Irman Dimyatie, ngomen fikmin ku fikmin nan heded! ulah seueur teuing angen-angen kang di nagri urang mah, kajeun sangsara we lah, asal bener(sahenteuna teu korup: duit, waktu, kapercayaan jsb.
  12. Akang Remi: Aceuk Dewi Budi, Dupi subyektif teh alketif tea, sanes? heueheueheu subyektif yang tersohor berasal dari timur tengah....
  13. Irman Dimyatie: :"Hahahaha... rek dijadikeun pstingan ah. Bari mikir deui...."
  14. Akang Remi: Sae tah! posting we, ome sakudak-sakedik, lalu, Puuuung! kade lepat nunjuk der nyulap pangambung, ngahiang geura, keh!
  15. Dadah Hidayat: Nya kitu tea atuh, tos nerekab. Palsu hehehe
  16. Dewi Budi: Ehh....subjektif teh sejenis solatif sok seueur diical di pasar dulatif, nu icalana kang latif mung hanjakal sok di lipen setif....hehe
  17. Akang Remi: Gan Dadah Hidayat. Sumawonna dongeng ge da palsu, mugi tong di imeutan teuing, bawiraos urang payunan we, ku raray palsu, ku omong palsu, ku hate palsu,...sadaya paaaaaaal......su!....heuheuheu....."
  18. Akang Remi: Aceuk Dewi Budi, rupina aceuk mah objektif pisan dina paningal pun uingah, teu palsu! wantun nyaan, da!
  19. Dadah Hidayat: Heuheuheu. Aya nu ngarang sajak palsu. Hilap deui.
  20. Akang Remi: Aheuheuheuheu....Gan Dadah Hidayat, aya atanapi loba? heueheueheu.....panan pun uingge panyajak palsu, da kabarerang ku waos nu tos ganti ku huntu palsu....heuheuheuheu....
  21. Irman Dimyatie: :"Hidup kapala asu! Hidup kapalsuan...!!!"
  22. Akang Remi: Kapala asu? Halaaaaah etah meni keras kitu dunungan!
  23. Akoer Lah: Tanah Sunda ’78 (Sajak kénging Hikmat Sadkar (Uana Remi Sadkar, dibabarkeun di Garut 28 Februari 1943) Kawih tingtrim nu kamari suling jeung jentréng kacapi haleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjang kiwari geus ilang musna geus sirna tilem ku mangsa Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari Ahéng kénéh dongéng sabrang datang ti peuntas lautan Deudeuh teuing tanah gumelar ti taun ka taun kalantar
  24. Ratna M Iwan: geuning....asa ku kotor audisi sapertos kieumah nya
  25. Akoer Lah: Tah sajak séjénna ti Hikmat Sadkar (Uana Remi Sadkar) nu kataji nyaéta : KAMERDIKAAN Kamerdikaan nyaéta ratuning wangi nu leuwih nyambuang tibatan tujuh gagang kembang mawar kamerdikaan nyaéta lagu nu leuwih halimpu ngaléndéhan lelembutan manan jentréng papantunan kamerdikaan nyaéta ombak nu motah dina haté nu marudah kamerdikaan nyaéta angin sumilir ngusapan haté nu ketir Kamerdikaan nu ditéangan diudag-udag di saban tempat dikotéktak di opat madhab duh, kamerdikaan nu linghas dibandang manan kalangkang
  26. Ratna M Iwan: kang Akoer Lah, kang Remi Sadkar kenging sajakn di suhunkeun ku abdi sugan bade diajar maoskeunnana
  27. Wawan Setiawan Husin: asa dagang sapi, nya!
  28. Tatang Sumarsono: Pasti dina pasanggiri fikmin mah teu kitu, nya?
  29. Irman Dimyatie: Ang Tatang Sumarsono:"Piraku atuh, Ang. Percanten lah uing mah."
  30. Akang Remi: Gan Akoer Lah. Nuhun sajakna, Gan. Leuh asa janten waraas yeuh!
  31. Akang Remi: Gan Wawan Setiawan Husin, aya samina nya sareng dagang sapi? heuheuheu....
  32. Akang Remi: Wa perbu Tatang Sumarsono, Hahahahaha...duka atuh pan abdi mah pesertana sanes jurina....Hahahaha....
  33. Heni Sumarni: rupina abdi tiasa kasair,pameunteu jajar pasar,sora silung...eta bayuhyuh deuiiih aya ku lengkep?...Heni bangeth..heheh
  34. Akang Remi: Haahahahahaha...........teu acan jaminan eta mah, Aceuk Heni Sumarni! kedah tiasa diatur heula nembe tiasa kasair kanggo midang di kanacah Internasional
  35. Heni Sumarni: oh kitu nya? mangkaning simkuring mah rada sesah di atur..
  36. Akang Remi: Haduh ceuk tos rumaos kitu mah, saena teras undur bae, kanggo naon cacapean ilu pasanggirina.....wkwkwkwkk....ke we upami tos gentos pamingpin ku nu ti lebak cawene
  37. Akang Remi: Teh Ratna M Iwan, punten nembe kawaler yeuh, mangga teh sajak mah anggo we, bilih bade diropea janten fikmin oge mangga, teu aya kaabotan....heuheuheueu....punten tadi ngawaleran teh bari pakpikpek barang damel. nembe diroris deui, enya we aya nu kakantun.
  38. Ratna M Iwan: sawios kang Remi da abdimah teu pundungan pami teu kawaler ge hehehe... da pami pundunganmah tos janten alit hehehe
  39. Akang Remi: Hahahaha....sip sip sip! Ulah pundungan di Enonesa mah teh, keun we masing rek dianggap bodo oge, tuturkeun we, bari bratbretbrot...hahay!
  40. Ratna M Iwan: ahaha...muhun di enonesa mah kedah seueur istigfar bilih kacacandak ku nafsu
  41. Maman Gantra: Rupina mah sae diantep bae kitu, Kang? Tong ngiring milih urang mah...Antepkeun we... Hehehe...
  42. Akang Remi: Teh Ratna M Iwan. Ih, upami bade nabgtukeun hiji sikep teh, ulah sok didadasaran ku rasa napsu, bilih sami teras kalangsu! Sing eling we teras Teh! Hihihihihihi
  43. Ratna M Iwan: sumuhun pa ustad bade di tengetkeun pisan tah piwuruk ti pa ustad...kanggo pibekeleun hirup..wkwkwk
  44. Akang Remi: Bekel hirup mah, saena kejo Teh Ratna M Iwan! Wkwkkwkwkwkwk..."
  45. Ratna M Iwan: hahahaha....etamah bekel botram...hahaha
  46. Akang Remi: Gan perbu Maman Gantra. Pun uingah can kantos dugi ka teu milih, estuning milih bae. Margi nu kaemut teh kieu; Mun urang teu milih, heug gara-gara eta ngabalukarkeun hiji calon nu kacida gorengna jadi meunang, atuh urang ge nyumbamg dosa. Matak pun uingah milih bae, tapi catetan, milih nu kagorenganana pangsakedikna ti antara kagorengan-kagorengan nu kudu dipilih eta. manawi tiasa kahartos. sesah ngungkapkeunana bari disingget mah! hahahahaha
  47. Maman Gantra: Yaktos, Kang Remi. Saur saha mah cenah: Milih nu pangalusna di antawis nu garoreng kacida pisan. Hehehe...
  48. Akang Remi: Hahahahaha....leres Gan perbu Maman Gantra. Numawi tara Golput pun uingah. Milih teh memang asa lebar. Tapi langkung lebar upami teu kantos milih pisan. Tah ari milih mah asa boga hak, bade cocorowokan bari maledogan bulan ge, moal isin, da rumasa boga andil nyumbang(sora) ka pamarentah.
  49. Akang Remi: Teh Ratna M Iwan, janten laaaaapar!
  50. Ratna M Iwan: wah ..Kang Remi...maenya bade botram wayah kieu...
  51. Akang Remi: Haaaar! naha bet maenya, panan romantic botram dibawah rembulan yang kian malam kian lebam...kupandangi rantang itu, masih! masih saja kerikil-kerikil tadi. Dibawah gelap malam, dada semakin kencang berguncang, mengahantarkan atma pada hitamnya temaram dalam temaram........wkwkwkwkwkwkwk...."
  52. Ratna M Iwan: dduuuuhh...leres meni romantis... mungkin hanya rantang yang mengantarkan kata juga hanya bulan yang semakin tua...hahaha...hep ah
  53. Akang Remi: hanya rantang yang mengantarkan kata juga hanya bulan yang semakin tua, disana Remi Sadkar mulai bergeming, ketika keras terdengar, suara-suara kelaparan jauh dalam perutnya. Dan mulai menjerit, jeritan yang menusuk langit, langit yang tidak peduli..ketika membiarkan Teh Ratna M Iwan berlalu, membiarkan rantang hanya berisi kerikil!
  54. Ratna M Iwan: hahahaha...judulna the romantic botram antara rantang dan kerikil..yang tertinggal hanya watiiir
  55. Akang Remi: Hahahahaha...."THE ROMANTIC OF WATIR"
  56. Ratna M Iwan: hihihi...tias janten judul fikmin geura kang Remi Sadkar mah..
  57. Akang Remi: Ah, ngantos nu teh Ratna M Iwan, fikminna teu medal wae geuning?
  58. Ratna M Iwan: can tiasa minder ningali nu sanes sararae...nuju ngabiasakeun maca heula...supados kenal kanu bahasana...( bari sareng kadang kadangmah teu ngartos hehehe)
  59. Akang Remi: IH, Geuning sami? Pun Remi ge teu acan ngarti, Nun!
  60. Ratna M Iwan: wah... tong sok kitu..geuning sarae seratanna...
  61. Akang Remi: Alhmdulillah, mung salira wungkul nu nekad nyebat sae, bari pantesna teh pedah we, karunya.
  62. Ratna M Iwan: hahahahah...pami dinu seratan sundamah abdi rada tluk kedah diajar heula bahasana janten ningal anu di dieu teh asa matak minder sarae basana...bari jeung sakapeng sok muka heula kamus ...karaos tah diajar basa indung sorangan teh langkung sesah karena teu dibiasakeun..pami pasualan karunya mah ehm...sanes karunya deui...watiiir...hahaha
  63. Akang Remi: wkwkwkwkwkwk.....
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Akang Remi
  1. Nu Humarurung Di Suku Gunung
  2. Lalaki Ti Lebak Cawéné
  3. Bagja Jeung Cinta
  4. Diantawis Urang Keur Urang
  5. Diantawis Urang Keur Urang
  6. Terjun Peuting
  7. Kelar Pikir
  8. Kasaru
  9. Samagaha Pikir
  10. Luhureun Luhung
  11. Kemba Dina Madenda
  12. Dinten Kasapuluh
  13. Longkéwang
  14. Longkéwang
  15. Éling-Éling Mangka Éling
  16. Sajati Ning...
  17. Kembang Saru
  18. Wonder Woman
  19. Nu Maha Fikminer
  20. Ngamanahan Rasa
  21. Ki Sepuh Jeung Tukang Kai
  22. Nyaliksik Nu Rékép Di Galunggung
  23. Bagendit
  24. Katumbiri
  25. Neukteuk Leukeur Meulah Jantung…
  26. Lalakon, Ayeuna Nu Urang
  27. Sunda
  28. Sunda
  29. Rumaos
  30. Bom Waktu
  31. Ki Salib
  32. Tibra
  33. Jati Kasilih Ku Junti
  34. Rampak Menekung
  35. Jangji
  36. Kaduhung
  37. Email
  38. Tidinya Ka Dinya
  39. Nenggor Buah
  40. Ngutruk
  41. Indung Jeung Anak
  42. Katinggang Lamunan
  43. Juriiiiig…..
  44. Gening Torek
  45. Program Berbencana (kb)
  46. Ashabul Kahfi
  47. Jati Sarakan
  48. Ngaji Diri
  49. Ngalungsar Di Perjalanan
  50. Rakean