Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 22:20:16
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Horse Cruising

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 22 Maret 2012 08:48:02

Rengganis kalebuh dina impian sorangan. “Dagoan tong bosenan, jajaka panyileukan, bakal datang bareng jeung layung, ti girangeun talaga, tumpak kuda dawuk ruyung.”
Taya sonten nu kalarung, Rengganis ngalangeu ngabangbrang tineung, taun-taun. Nu dianti, paralun, taya pisan kelemengna. Teu pegat harepan.
Pareng dina hiji sonten, dawuk ruyung ngoléar sisi talaga, nu tunggangna nonoman gandang. Ieu geuning! Kembang mangkak jeroeun dada. Ilapat baheula, nongtréng deui. Hamo salah.
Ngarandeg sakeudeung, ngabudah sungut kuda. Nu tumpakna luak-lieuk, bangun keur barang téangan.
“Abdi di dieu, Kang, tos lawas pisan ngantosan,” Rengganis ngapungkeun harepan, dina kedaling simpé.
Tinggurutuk sapandeurieunana, mapay sisi talaga. Anu tarumpakna sarua gandang.
“Ih, Engkang, geuning seueur nyandak pangiring,” Rengganis kedal, ukur semet dina angen. Ku hayang gancang ngabagéakeun, ngan suku beurat ngaléngkah.
Kadéngé hog-hag, “Salah nyokot jalur, euy. Pasti kapeutingan, urang asup ka finis. Teu balég silaing jadi tuduh jalan téh, Tatang!” bari nunjuk ka nu tumpak dawuk ruyung.

Komentar (44)

Ki Hasan
Ngadon mabal geuning penjelajah teh. Teu ngagembol kompas sareng peta jiaga.
Apoedy Sarah Ihsan
heuheuheuheu... anu nuju ngalamun kagebahkeun.. nyasab.. heuheuheu...
Tatang Sumarsono
Aya kalan peta sareng kompas téh mencog, Ki Hasan. Mana komo mun dibacana bari dina tonggong kuda.
Tatang Sumarsono
Enya, Ang Apoedy Sarah Ihsan. Rada bingung rék milari nami tokohna, sieun sami sareng nami fikminer, tuda. Leuheung mun ka uing jadi resep, kumaha mun malik teu suka. Sugan ari Rengganis mah netral.
Apoedy Sarah Ihsan
Nyimas Rengganis II ieu aya fikminer rengganis.. heuheuheu...
Budi Mugia Raspati
antawis legenda sareng kiwari..hoyong tiasa sapertos kieu Ang...
Iwan Hanjuang
da kamari mah bener jalan teh kadieu, pasti aya nu sirik yeuh, jalan aya nu ngarobah..xixixixi
Irman Nurhapitudin Dimyatié
Ang Tatang Sumarsono:"Kuda eta keur simkuring we lah... asa kalandep ku namina hehehe...."
Ki Hasan
Boa nu sok kadongengkeun kasarung ka alam bunian teh, daeta disangka Satria Pininggit nu dianti-anti numpak kuda tea.
Tatang Sumarsono
Waduh, Aya nami Nyimas Rengganis? Punten atuh. Ari badé ditambihan Dewi, janten Dewi Rengganis, sieun anu namina Dewi protés deuih.
Tatang Sumarsono
Enya, Ang Iwan Hanjuang, sok rajeun aya anu iseng ngarobah tuduh jalan. Kaalaman ku pun uing kapungkur, nuju ngiring napak tilas long marxh Siliwangi, naha bet mabal ka Gunung Slamet. Atuh datang ka base camp téh peuting.
Tatang Sumarsono
Pilari wé ka sisi talaga geura, Ang Irman Dimyatie. Boa salira anu diantosanana téh ... heu-heu satria tumpak ojég.
Tatang Sumarsono
Engké gé bisa, Jang Budi Mugia Raspati. Ngan tangtos aya prosesna.
Iwan Hanjuang
Akang mindeng YI ngaheureuyan barudak calon OSIS crouscontry jalan peuting, tanda-tanda pitiduh jalan sok di robah ku akang lain atuh marabal kamana karep bari jeung hog-hag silih salahkeun, nu pikaseurieun mah jalan peuting kata sandina PUNTEN, unggal 300 meter kudu nyebut punten ditembalan ku panitia, harita leumpangna mapay pilemburan da di pasisian sukabumi, puguh we ripuh barudak teh, unggal nyebut punten, nu nembalan MANGGA, urang lembur...hahahaha
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Paur ngulang pangalaman Raden Kombayana waktu meuntas laut bari tumpak kuda bikang teh. Ari nepi ka tujuan ngadon katempuhan kudu ngurus orok satengah kuda hahaha...."
Bunda Unie
Moal enggal2 dugi ath mabal heula mah...kekesek navigatorna!!! Xixixi
Kantika Sofian
jadi emut jaman kapungkur,sim kuring nembe tiasa maca,disampakkeun Mangle ku pun bapa...sasat kabungbulengan ku tokoh Dewi Rengganis...nami ge dugi ka hoyong digentos....waas Ang...nuhun.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Sanes lepat tuduh jalan mung dina emutan nu tunggang kuda dawuk ruyung kamana jalan ka Ciparay nu pang caketna
Iwan Hanjuang
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, oh kitu, panginten atuh ari nuju ngawas mah!!
Rohendi Pandeglang
halah boro diwawaas hayang emprona. Hayang ngabandungan nu nyaritakeun nu amprok kasono.
Rudi Riadi
hahaha....Katipeng pun ujing eung. Boro tos tatan-tatan nadah kayasna fikmin. Haduh, keuna pasal penipuan deui wae ieu mah.
Dadah Hidayat
Nuju nengetan conto imajinasi nu jarambah. Nuhun.
Akoer Lah
Sabagéan bait ti Wawacan Rengganis karya R.H. Abdussalam, dina wanda pupuh Sinom : Rengganis kersana siram, geus disalin ku cawening, sutra ipis patelesan, sarta ngirab-ngirab weni, mawur gambir malati, kembang layu dina gelung, rambutna patah lontar, panjang nepi kana bitis, lulus luis teu aya huis salambar. Rengganis henteu uninga, yén Raden Suwangsa ngintip, tumaninah baé siram, ngaruru saluar diri, siga emas disangling, salira anu ngaruru, siram di jero taman, babasah sutra cawening, yén ditingal siga henteu nganggo sinjang. Rahadén Iman Suwangsa, mingkin baé ngintip, socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan ogé dipegung, napas henteu dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu anu sok malingan kembang. Ayeuna mah kanyaohan, tangtuna matak balai, lamun lumpat rék diudag, dicerek sanajan ceurik, tayoh geus jadi carik, curuk metik tunjung tutur, rupana geulis pisan, saumur kakara manggih, geus kagendam Suwangsa ku kageulisan.
Asep Komara
wa'as..reli rombongan kuda...mung tiasa ngabayangkeun we simkuring mah...asa dina Young Gun..heu..heu..
Iberani Man
Hahahaha, Dongeng 30taun ka pengker jugana mah! da geuning eta nu tunggang kuda dawuk ruyungna ge nonoman gandang keneh.
Akang Remi
Hahahaa...nu tuduh jalanna bet biluk heula ka nu Geulis, geuning?
Tatang Sumarsono
Lamun ieu fikmin diteruskeun, Ang Remi Sadkar, éta rombongan cruiser téh pantesna diandeg meuting di bumi Dewi Rengganis. Isukna terus dipulung minantu. Jih, mun ngajakan Aang jigana resep, nya? Muhun, Ang Iberani Man, tina dongéng lawas. Ayeuna mah Neng Dewi Rengganisna gé boa tos rimbitan. Pun uing resep kana petualangan di alam terbuka, Ang Asep Komara, ti bubudak, terus resep lalajo filem koboy, tepi ka sakapeung ngarasa jadi Billy The Kid. Anu tacan kungsi téh, petualangan ka lembur Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Teu kacipta, mun aya anu ngajak nyimpang tuda. Tapi teuing kétang mun Ang Iwan Hanjuang milu mah. Imajinasi nu jarambah téh, Ang Dadah Hidayat, sakapeung dikasang-tukangan ku ulin jarambah deuih pun uing mah. Rumasa tukang aprak-aprakan, meureun pédah katalian gawé jadi wartawan. Jaman ka Tegalbuleud di sisi Laut Kidul masih kénéh kana parahu, mapay walungan Cikaso, pun uing mah ngalaman. Lebah nyasab, navigatorna malaweung, sakumaha ceuk Bunda Unie, osok deuih. Ngalaman kapeutingan di jalan, ti Singajaya ka Cisompet. Untung bisa nyimpang ka imah penduduk. Mun teu manggih pangrereban, boa teuing tepung jeung kerud. Enya, lalakon pakidulan Garut 30 taun ka tukang ieu mah. Da ari ayeuna mah geus ramé.
Tatang Sumarsono
Ang Rudi Riadi katipu? Padahal pun uing mah teu maksud ka dinya. Eta we meureun Aang mah tos seueur teuing dilimpudan warna kayas. Ari di pun uing mh, nu nyésa kari dawuk ruyung (heueuh, warna buuk). Nyéta, teu pati bisa, Ka Rohendi Pandeglang, nyaritakeun amprok kasono téh. Meureun pun uing geus lain jamanna. Sok hayang éta gé ngedalkeun nu kitu. Ngan sok salempang aya anu nanya: saha (waé) nya ayeuna istri anu jadi panyileukan Kang Tatang?
Wawan Setiawan Husin
pangalaman asik yi !jempol deh!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
padahal Ciparay mah teu tebih ti Cibiru Kang Tatang
Tatang Sumarsono
Nyéta, Nyimas, caket teuing. Duka mun nguriling heula ka Kertasari mah.
Rifan Sahrony
Akang,kapalih dinya we norobos ti warung peuteuy.caket.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
saéna mah ka Garut heula upami hoyong langkung tebih mah
Rifan Sahrony
Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, geningan di Ciparay teh tos hese milarian borondong garing.baseuh sadaya ayeunamah.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
piraku ah...kahujanan panginten éta mah borondongna Kang Rifan Sahrony
Tatang Sumarsono
Tah, enya jigana kudu ka Garut heula. Cikajang, Bungbulang, Pakénjéng, naék ka Arjuna, turun di wewengkon Pangaléngan, bus ka Kertasari, Pacét, Lemburawi, jol ka Ciparay. Ari pék téh nu badé disémahanana teu nyampak. Tos dicandak ngalih ka Jakarta, ceuk tatanggana.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
euleuh....aya nu ngajak ngalih ka Jakarta nya? Dijenengkeun janten menteri kitu ku SBY?
Rifan Sahrony
Uluh,,! Kang Tatang Sumarsono,dugi kangulincer kitu,ngahuleng temen jauh dijug-jug anggang diteang ari gok aya payuneun.hihii
Tatang Sumarsono
Dadaékanan jadi menteri, bisi sakeudeung deui enggeusan. Tapi nya ari palay-palay teuing mah, wios janten menteri peningkatan pemberdayaan laki-laki? Akang mah, Ang Rifan Sahrony, tadi gé disebutkeun, jalma balantrak, tukang ider-ideran. Ti Bandung ka Garut, terus Rancabuaya. Ti dinya leumpang ka Cidaun, Sindangbarang, jol ka Cianjur. Berekah indit-inditan téh teu balik deui ka urut.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
hahahaha....bagéan ngadongkrak?
Tatang Sumarsono
Ngadongkrak panghasilan.
Yusef Muldiyana II
Fikmin éndah nian deui wae made in Kang Tatang Sumarsono mah
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Tah éta panghasilan ...janten seueur artos!
Tatang Sumarsono
Enya, Ang Yusef Muldiyana II, nyobi-nyobi nmperkeun rasa perkawis wanoja anu teu weléh nganti-nganti bakal aya nu datang. Ngan lamun ditutugkeun di dinya, sieun engkéna jadi fikmin kayas (éra geus kolot tuda, najan jagjag kénéh gé). Anu matak diaworkeun jeung kagiatan horse cruising, ngarah jadi leyur (cair), ulah milu tikelebuh jeung Neng Dewi Rengganis. Mun Aang hawatos ka Si Neneng, cobi pilari geura. Alamatn aya di Akang.