Ku Dadi Arya
Gék, hareupeun. “Numawi, kadieu téh seja nganuhunkeun,” pokna, dédépéan. Kusiwel. Sok, amplop luhureun méja. “Ih, teu kedah kitu sagala, Bu. Da tos kawajiban abdi. Pancén damel sadidinten,” cekéng, basa-basi. “Sanaos sakedik, hoyong wé, karaosan ku Bapa,” ngasurkeun amplop. Atoh tapi kagok, watir tapi butuh. Campuh, dina harigu.“Tebih-tebih gé, abdi téh ngahaja. Mugi ditampi,” si Ibu ngasurkeun deui. Atuh ragamang, lalaunan leungeun nyampeurkeun. Méh antel pisan. Kep! Punduk jeung peupeuteuyan aya nu nyekel. Seleber, aya seungit ngadalingding. “Cik, umpama anjeun teu lungguh di dieu. Bakal aya moal, nu sung-song kawas kieu?” Sora halimpu, nompo. Tukangeun pisan. Lalaunan, kuring ngalieuk. Pray, pameunteuna cahayaan, ngahipnotis. Biwir asa dikonci. Létah dicangkalak. Ukur bisa gideug. Da enya, dipikir mah, asa moal aya. “Leres. Éta lain hak anjeun,” cenah , imut marahmay. Les! Nu marahmay ngiles. Si ibu ngaleungit, teuing ka mendi.
Rét kana méja. Aya tutung, sagedé amplop.