Update: 31 Maret 2012 04:20:10

Rapat Dengar Pendapat

Ku Dadi Arya

“Janten kumaha, Pa Mentri?” pokna. “Sumuhun. Kapaksa BBM kedah naék. Subsidina dialihkeun kana BLT, kanggo rahayat kénéh.” Jawabna, kalem. “Ékol siah, BLT mah keur pencitraan!” nu batik beureum muncereng. “Rék ngaronjatkeun sora partéy? Teu panuju!” nu batik konéng nyanggéréng. “Interupsi, pingpinan! Interupsi!” nu dariuk di tukang tinggorowok, teterejel. “Nu teu panuju gé, ékol. Hayang katempo jiga ngabéla rahayat?” nu batik biru ngaléléwé. “Trok..Trok!” palu diketrokkeun kana méja. “Heup…heup! Protés diwenangkeun. Namung nganggo étika. Isin atuh, panan rapat urang téh diliput média.” Pimpinan rapat ngarépéhkeun.
Kélénéng! Kélénéng! Loncéng disada. “Interupsi pingpinan… waktosna tuang siang,” ceuk nu baju sarwa bodas, deukeuteun lawang. “Ulah lali leueut landongna, nya?” Lalaki gigireunna ngémbohan. “Aaah, Suster mah ngaganggu waé…” pingpinan luwa-lewé. “Tapi engké teraskeun deui sisidanganna, nya Pa Dokter?” nu dibaratik pipilueun. Dijawab unggeuk, bari imut. Bring, saréréa nguntuy ka rohang makan, di éta RSJ.

Koméntar kana ieu Fikmin:
Teu aya komentar.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Dadi Arya
  1. Nu Cinutrung Di Juru
  2. Bujang Kolot, Ditonjok Congcot
  3. Gratifikasi
  4. Ngimpor Carios
  5. Rapat Dengar Pendapat
  6. Raheut
  7. Sabot PoÉ Juma’ah
  8. Lalangsé ‘na Pecel Lélé
  9. Nu Teu Kacatur, ‘Na 10 Nopember
  10. Sipir Penjara
  11. Zhang Xiaoling
  12. Zhang Xiaoling
  13. Nu Marakayangan
  14. Sanggeus Tujuh Taun
  15. Balabuh
  16. Nu Tinggaleun
  17. Maleman Pangantén
  18. Uyah Kidul
  19. Ubar ‘Ventrical Septal Defect’
  20. Singhoréng
  21. Nyanéh Heula!
  22. Mulang Tarima
  23. Pileuleuyan, Eulis…
  24. Kahalang
  25. Gandrung Kapegung
  26. Tilu Menit Panungtung
  27. Teu Mais Teu Meuleum
  28. Sérpis Tipi
  29. Ajug
  30. Kado
  31. Mardud
  32. Rayagung
  33. Nipas
  34. Harewos Hulu Angen
  35. Insap Ku Google Earth