Ku Akang Remi
Geus liwat tilu taun ngalap élmu kanuragan. Hiji mangsa…
Surya surup. Lebah suku gunung Cikuray, Bah Mahdi calik dina golodog imahna, dipayunan tilu murid kaasih. “Sujang! Kabéh kasaktén, geus nerap dina awak hidep, Abah moal ngaboga-boga. Ayeuna abah rék meras hidep, sugan, aya nu linuhung.” “Duh, Abah, teu pisan-pisan kumawantun,” méh bareng tiluanana. “ Har! Samaruk rék naon kitu Abah téh?” saur Bah Mahdi, bari ngehkey. “Cik, pangnéangkeun hawu! Cai, bisi geus ngagotrok!” Abah nimbalan. Sukma, nguniang. Teu lami. “Bah! Parantos ngagolak caina!” ceuk Sukma. “Heug...! Abah ka dinya ayeuna jeung dulur hidep.” Jog di hawu. Bah Mahdi di tengah, pada ngariung. Laju ieu aki-aki ngosokkeun dampal leungeun. Gap, téko panas tina hawu. Saréréa pada hélok, ningali cai nu ngagogolak, disiramkeun kana seuneu hawu nu ngabebela. Corocos. Seuneu pareum. Jempling. Galécok haté nu tiluan. “Masing linuhung!” ceuk si Abah, bari ngaléos ka cai...