Update: 27 April 2012 06:20:07

Kawin PÉrak

Ku Tatang Sumarsono

Ngageder meuntas ka tengah peuting. Pésta kawin pérak, teu sabongbrong nu sarumping. Gegedén ti rupaning instansi, bankir jeung para pialang, konglomerat puguh deui, campuh pasérab-sérab dangdosan, jeung para sélébriti. MC capétang-pérténgtang, nerangkeun saha-sahana nu dikariakeun. Pasangan idéal, harmonis suwung cawadeun, para putrana jarucung, karirna teu weléh nanjung.
“Nggak nyangka, Tante udah kawin perak, tapi masih yahud. Kapan kita kontak lagi?” jajaka gandang ngaharéwos, sabubarna pésta.
“Besok sore. Di Puncak saja ya, Yang?” pangantén istri aleman.
Dalapan léngkah ti dinya, panganten pameget digonjak bintang sinétron, “Tong diséépkeun sareng Tanteu nya, Oom. Apan énjing badé nganteur abdi, ka Bunaken.”
“Tenang, seueur kénéh tanaga cadangan,” bari nyabut artos gepokan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Naryana Indra: Pantes atuh janten seueur cai kiih meuting teh....wkwkwkw
  2. Eboed Eman Budiman: sapertos buah kadongdong nya Kang...
  3. Ki Hasan: Yahud. Sihoreng eta geuning resepna rumahtangga bahagia teh. Hehehe.
  4. Akoer Lah: Beu, ieu geuning cici kahirupan nu "hedonis" teh, di alam nu "posmo-sekuler". Da memang aya pisan dina kanyataanana tateh. Agama nu diagem kunu karitu mah lain agama samawi deui, tapi nya agama KTP tea...
  5. Rohendi Pandeglang: fiksi real di lapangan, jadi weh apal kabiasaan para borjuis teh kula ka. Kitu nyah?
  6. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Kawin ngan ukur jadi simbol wungkul...
  7. Irman Dimyatie: :"Tos janten rusiah umum eta teh."
  8. Jordan Kurniawan: ieu mah da sanes fikmin, estu asli he he he
  9. Metty Azmira: tanaga cadangan timana nya? make listrik kitu? da meureun teu di "cas" mah, lemot, xixixixi...
  10. Irman Dimyatie: :"Pan gentos batere..... hahahaha"
  11. Echa AnggieAni: kalebet fakmin oge teu kang? Hehehe... *dietang2 mah nembe tilulas taun... Tebih ti perak komo emas mah ...
  12. Metty Azmira: maksadna digentos ku batere senter Kang Irman Dimyatie? xixixixi...
  13. Iwan Hanjuang: sing seueur cadangan mah beh awet anom..
  14. Irman Dimyatie: :"Teh Metty Azmira, wakakakakak... gubrag!!!!"
  15. Metty Azmira: Ngagubrag batere na Kang Irman Dimyatie? xixixi....
  16. Nazarudin Azhar: kabita, hahaha
  17. Usin Muhsin: Taun hareup aya umur mah bakal kaalaman kawin perak,tapi moal rucah ngabudi runtah jiga di luhur.
  18. Meila Handayani: taahhh jiga kang Usin Muhsin ateuh kawin perak mah,ulah jiga si tante eta hehhehe..wilujeng ah kang
  19. Ambuna Kaka: leres, pasangan serasi................
  20. Akoer Lah: Maksadna pasangan serasi teh Ambuna Kaka sareng Tahu?
  21. Ambuna Kaka: Akoer Lah; duh Gusti, leahkeun manah kang akoer sareng teh mety kanggo ngintun tahu haneut saenggalna, sateuacan BBM naek, margi pami BBM kabujeng naek sieun teu cios ngintun tahuna.
  22. Metty Azmira: Emh...deudeuh tuing eta si Teteh Ambuna Kaka, mani nalangsa kitu hoyong dikintun tahu Sumedang, mangga engkin urang wartoskeun kanu di topi supados ngintun tahu sareng jongkona, xixixixi..
  23. Tatang Sumarsono: "Ngintun tahu ka Cibiru, mikmin dijamin garinding," ceuk dina iklan.
  24. Usin Muhsin: Tahu garut ge raos,aya nu bade nyobian?
  25. Akang Remi: Ih, lebar temen pérak teh, nya? eta karahana meni tos ngadagleg, kitu!
  26. Akoer Lah: Kawin Emas na mah teu dilaksanakeun cenah, da kaburu stroke duanana, hehehe.....
  27. Entjep Sunardhi: Perak ukur sipuhan, aslina duka tambaga duka beusi rongsokan.
  28. Maspri Dkc: Kawin perak ukur pupulasan, nu puguh mah reunceum ku benggol pasalingkuhan...ironis...ironis!
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Tatang Sumarsono
  1. Surat Keur Euis
  2. Alur Informasi
  3. Tina Catetan 1973
  4. PotrÉt Euis
  5. Asmaradahana Hiji
  6. Malim Buhaya
  7. Sindang
  8. Dalingding Asih; Keur NÉnÉng
  9. Lonely Lady
  10. Hayam Lisung (minangkana Carita Pantun)
  11. Catetan Paninggaran
  12. Ratna
  13. Madraji
  14. Horse Cruising
  15. Dulkonang
  16. Juru Catet
  17. Pasar
  18. Albeum Pilkada
  19. Kawin PÉrak
  20. Tina Pangalaman Ani
  21. Paguneman SimpÉ Dua
  22. Mafioso
  23. PasÉa High-tech
  24. Tradisi Tragis
  25. Kresna Dutaningrum
  26. Élegi Kingkin
  27. Carita Pantun Mahiwal
  28. Kadongdora
  29. CÉlÉng Wayungyang
  30. NÉnÉng BadÉ Nikah
  31. Pilkada Tilu Paragraf
  32. Anggota DÉwan Manten
  33. Rapat Tim SuksÉs
  34. HÉrlina
  35. Telepon
  36. Liwung
  37. Rumpaka Tembang
  38. Tilu Sms
  39. Nyimas Sanés Euis
  40. Carita Biasa 3
  41. Carita Biasa 2
  42. Carita Biasa
  43. Meuntas
  44. Catetan Pangandaran, 1974
  45. Hijrah
  46. Fikmin
  47. Fikmin
  48. Karna
  49. Fatimah
  50. Kabéh Gé
  51. Harisbaya
  52. Paguneman Simpé
  53. Gedong Saté
  54. Munjung
  55. Tilu Paragraf
  56. Serat Ka Citraresmi
  57. Dialog
  58. Gentong
  59. Tsunami Pangandaran
  60. Keusik
  61. Bagawan Sirna Di Rasa
  62. Lutung
  63. Fikmin
  64. Dasi