Ku Tatang Sumarsono
“Ari sia, Dawala, ku naon tadi ngelétan jeung ngiceupan waé sindén?”
“Sangeunahna pisan nyarita téh, Aka! Teu pisan-pisan ngiceupan, uing mah kapireungpeunan.”
“Ngangles siah! Hayang ditanggélong?”
“Kitu ari bogoh teu dilayanan téh. Meupeus keuyangna ka uing. Abong boga lanceuk teu kungsi ngahakan sakola.”
“Ngomong naon siah? Ngajak jogol?”
“Dikira uing sieun kitu, pegék?”
“Na ieu mah anak-anakan. Teu di mana, teu di mendi, ngan ribut wé. Ari maranéh teu nénjo, apan saréréa keur reureuh ieuh. Capé, balas manggung sapeuting jeput. Tuh sing hawatos ka Agan Perbu Anom, ti tatadi humarurung urut katonjok iga burungna. Mangké rék galungan mah, mun urang geus dibijilkeun tina kotak. Pék di dinya mah sing ramé, sangkan nu lalajo suka.”
Hanjakal, nu gemprah ‘na jero kotak, reureuhna sapapanjangna. Taya panggung eusianeun. Pangsiun saendeng-endeng. Béak dihakan ku rinyuh.