Ku Tatang Sumarsono
Bagong garung kasarung di pakalangan. Meupeus keuyang tur bayangan. Taya nu ludeung nandéan. Dikepung anjing salapan, kabéh ogé jadi bugang. “Der ah anjingan, teu kudu mayar!” panitia ngawawarkeun. Taya anu nyebut sanggup. Miris ku sihungna, nyacar bolang kekemplongan.
Bagong nguir tatanggahan, ngider kalang pangaduan. Jleng luncat sakilat pisan, ngaliwatan gedég jangkung. “Bagong kabur! Tong cileureun!” Tapi, malim geus leungit wawanén, jampé parancahna cambal.
Nobros kebon, ngaburak-barik dapuran haur. Gok jeung anjing bulu tumang, nu geus lila ngadagoan.
“Di kalang gé teu katémbong. Sakitu haben dipapay.”
“Nya ka mana étah budak. Lunta bet kamalinaan. Matak bosen ngaprak nénéangan.”
“Ari lebah dinyana mah, kami ogé nya sarua, sanajan ukur ka incu. Gedé ku gedéna, najan geus jalugjug jangkung, angger waé matak melang. ”