Update: 27 April 2012 06:20:07

Pilkada Tilu Paragraf

Ku Tatang Sumarsono

Si borokokok ménta dukungan? Bupati rék ngandidat deui? Ih, teu sudina gé abrig-abrigan abdi mah. Jelema gejul, gedé wadul! “Masing asak-anak ngéjo, bisi tutung tambagana, Ibu-ibu …,” sanggem abdi dina rapat akbar wanita sakabupatén.
Aku sich tida pduli banget ama pilkada. Tapi kalo oom-ku difitnah orang, apalagi oleh Bu Ajeng yang nyandang kedudukan tokoh wanita, aku mah kaga trima. Gitu loch. Semaruknya pribadi Bu Ajeng itu bagus, berani-beraninya jelekin orang di depan umum? Kagak, ya. Aku juga punya khabar, dia juga dulunya jelek, koq. Makanya aku bilang sama oom-ku. Aku kasih info, oom-ku kasih aku tiket pp ke Bangkok.
“Bapa rék mundur tina kandidat. Tong aya nu tumanya, komo ngabantah,” omong kuring dina rapat tim suksés. Saréréa calangap. Paduli, ah! “Sakabéh poténsi anu dipiboga ku urang, segemblengna kudu dipaké ngadukung kandidat nomer dua. Lamun manéhna mulus dina pilkada, anggota tim suksés ku Bapa rék diumrohkeun.” Gilig kuring mundur, sanggeus meunang info akurat yén ti antara calon téh aya anak Ajeng, ti kuring, anu keur leutikna digedékeun di panti asuhan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ahmad Fawzy Imron: moal waka ngomen miwah ngajempol..jalaran teu acan ngartos sagemblengna kana ieu fikmin. Bade ngantosan Kang Tatang medar heula eusina, nembe bade ngomen...he he
  2. Yusef Muldiyana II: Har etaah singhoreng anakna kandidat teh nyah?
  3. Rifan Sahrony: Kang Ahmad Fawzy Imron, sami teu komen ah inggis katalimeng,bade di ilo heula nu tenget, Hariwaaaa,..mg.
  4. Ahmad Fawzy Imron: Kang Rifan Sahrony...taah kitu kang..leres pisan :)
  5. Rifan Sahrony: upami sologoto ngomen gagduhan Kang Tatang Sumarsono,tos kabelejog skak ster.ha ha hhh..
  6. Apoedy Sarah Ihsan: Huhuuuyy... Incumbent siap mengalah, demi CLBK... heuheuheu...
  7. Entjep Sunardhi: Demi anak. Rusiah duaan. Inggis ku bisi.
  8. Apoedy Sarah Ihsan: anu ngangge basa enonesa teh eta cakcak bodasna.. anu dititah indit ka bangkok.. heuheuheu...
  9. Irman Dimyatie: :"Aya si 'abdi' (Ajeng), aya si 'aku' (ponakan/alo), jeung aya si ' kuring' (bupati) nu sakaligus salaku narator dina ieu carita. Geuningan aya tokoh sentral nu teu disebatkeun sacara jentre di dieu nyaeta 'calon' bupati nu jadi saingan, nu simanahoreng 'anak' tina hasil hubungan 'poek' antara si 'kuring' jeung Ajeng. Lumayan rieut oge nuturkeun carita di luhur teh. Kudu macana ge bulak-balik. Kakara remeng-remeng. Pokona... edun we lah!"
  10. Nana Sukmana: Luyu sareng judulna "Pilkada Tilu Paragraf", aya tilu lapis, aya tilu tokoh nu dicarioskeun ku pangarang. Katingalna sapertos anu misah, namung saleresna aya dina hiji carita nu utuh. Boh paragraf kahiji, boh nu kadua, boh nu katilu sadayana nyarioskeun Si Borokokok (bupati nu badé nyalon deui). Ajeng (dina paragraf kahiji) nembrakkeun kaceueubna ka Si Borokok margi tangtos kantos kénging kapeurih. Ari Si Geulis (anu basana direumbeuy dina paragraf kadua) tangtu biluk ka Si Borokokok, mamangna. Si Borokokok téh nya kuring pisan, "salaki" Ajeng, incubement nu badé nyalon deui janten bupati (paragraf katilu), anu teras boboléh margi aya putrana ti Ajeng. Ieu fikmin teh nganggo jurus anu rancingeus pisan enggoning ngarekam kaayaan sabudeureun Pilkada. Palay ngadugikeun kayaan (tékték bengékna) di sapengkereun calon bupati sareng intrik-intrikna. Politis pisan. Leuh, saleresna ieu mah upami diperalkeun, bakal janten novel. Tah, sanggem sim uing, upami ieu fikmin digejeburkeun dina saémbara fikimin di Unpad kamari, rupina ieu nu bakal janten pinunjulna. Duka naon alesan Kang Resi pangna henteu diabenkeun. Duka nembé kaemuteun ayeuna, duka waktos di Unpad mah samporet waktosna. Duka ngahaja maparin lolongkrang ka nu aranom sangkan tarandang. Mung sim uing hopyong terang yeuh, naha, Kang Resi, paragraf anu kadua mah henteu nganggo kekenteng? Atanapi monolog eta mah?
  11. Jajang Arohmana: Silih tebak eusi carita. Ah nu penting mah hidup balad uing! Caaak..., ceuk pendukung Eep di Subang tuluy demo ka MA.
  12. Akoer Lah: Pilkada Tilu Paragraf, macana ge tilu balikan, karek ngarti. Tos tingkat ma'rifat deui wae ieu mah. Kang Godi tilem heula lami, aya gentosna fikmin ti maharesi. Ngan duka kunaon memehna mah hal saperti kieu teu kapikiran dijieunkeun fikmin, tapi mun tos aya ti batur sapertos nu kang Tatang ieu, geuning ambahan pifikmineun teh legaaa...!
  13. Tatang Sumarsono: Jih, koménna seueur nu teleb. Leres, Ang Irman Dimyatie, point of view-na aya tilu. Ka Mang Nana Sukmana, gambaran kandelna intrik anu dikasang-tukangan ku kaceuceub. Naha sok aya dina pilkada? Duka. Duka deuih, naha si geulis téh leres alona, atanapi "alona". Eta mah kantun dibaca deui wé sing teleb. Mung nu jelas, dimonologkeun, étantg-étang jadi pamisah paragraf kahiji sareng katuilu. Saha nu teras didukung ku incumbent anu ngundurkeun diri? Boa-boa sanés anak Ajeng, nya? Ari Ajeng téh saha, boh baheulana boh ayeuna? Naha leres aya CLBK? Naha bet hadiahna diumrohkeun? Naha bet teu digejeburkeun dina pasanggiri? Babari tamah ngawalerna, sabab ilhamna nembé ngolébat tadi tabuh 11-an. Basa di Unpad mah, keur mah teu niat, jaba kabeurangan, jaba barieukeun. Jang Rifan Sahrony, gagaduhan Akang mah teu kedah dikomén rupina. Wah, teu ma'rifat, Ang Akoer Lah. Akang mah teu pati timu ka nu kitu téh.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Tatang Sumarsono
  1. Surat Keur Euis
  2. Alur Informasi
  3. Tina Catetan 1973
  4. PotrÉt Euis
  5. Asmaradahana Hiji
  6. Malim Buhaya
  7. Sindang
  8. Dalingding Asih; Keur NÉnÉng
  9. Lonely Lady
  10. Hayam Lisung (minangkana Carita Pantun)
  11. Catetan Paninggaran
  12. Ratna
  13. Madraji
  14. Horse Cruising
  15. Dulkonang
  16. Juru Catet
  17. Pasar
  18. Albeum Pilkada
  19. Kawin PÉrak
  20. Tina Pangalaman Ani
  21. Paguneman SimpÉ Dua
  22. Mafioso
  23. PasÉa High-tech
  24. Tradisi Tragis
  25. Kresna Dutaningrum
  26. Élegi Kingkin
  27. Carita Pantun Mahiwal
  28. Kadongdora
  29. CÉlÉng Wayungyang
  30. NÉnÉng BadÉ Nikah
  31. Pilkada Tilu Paragraf
  32. Anggota DÉwan Manten
  33. Rapat Tim SuksÉs
  34. HÉrlina
  35. Telepon
  36. Liwung
  37. Rumpaka Tembang
  38. Tilu Sms
  39. Nyimas Sanés Euis
  40. Carita Biasa 3
  41. Carita Biasa 2
  42. Carita Biasa
  43. Meuntas
  44. Catetan Pangandaran, 1974
  45. Hijrah
  46. Fikmin
  47. Fikmin
  48. Karna
  49. Fatimah
  50. Kabéh Gé
  51. Harisbaya
  52. Paguneman Simpé
  53. Gedong Saté
  54. Munjung
  55. Tilu Paragraf
  56. Serat Ka Citraresmi
  57. Dialog
  58. Gentong
  59. Tsunami Pangandaran
  60. Keusik
  61. Bagawan Sirna Di Rasa
  62. Lutung
  63. Fikmin
  64. Dasi