Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 02 Séptémber 2013 10:10:21
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."

Turunan

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2012 11:13:46

Perkara jalma turunan naon, geus nerekab di sakuliah dunya. "Si Darwin salah, tah! Pajah, jalma teh kunyuk nu berepolusi. Ngahina golongan urang nu kitu teh!" cek Kang Surili, nyereng. "Ari geus, benerna turunan naon atuh?" tempas Si Amang. "Careuh!" tembalna. "Naon?! Ngeunah we, nyedekeun ka dewek!? Bangsa dewek mah tara migawe kitu patut, deuleu! Gawe jurig nu kitu mah!" Ki Sero medengkreng. "Naon?! Gagabah nuding teh?! Enya ge dewek jurig, tapi teuteusing sok migawe kitu!?" tempasna. "Ari geus, turunan naon atuh?" Si Amang garo-garo teu ateul.

Komentar (14)

Iwan Hanjuang
turunan buaya darat,ngan asupna kana liang buaya deui.....hahahahahahaha horseh hareueuh lah
Yanti Sri Budiarti
Turunan Ki Adam..!
Apoedy Sarah Ihsan
Tong mamawa urang, uing mah geus di fitnah. pencemaran nama baik.. ceuk beurit. anu disaruakeun jeung koruptor... hiks..
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Bayawak ambek, teu rumasa uing mah beuki ka awewe!"
Dewi Ratna Damayanti
nu jelasmah sanes turunan nini abdi
Jojo Johari
Ang Iwan Hanjuang: Horseeeeh! Hidup buaya daraaat! ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Teh Yanti Sri Budiarti: Perkawis turunan Ki Adam, seueur nu protes. Jalaran sacara ilmiah sesah ngabuktoskeunna. Kitu kasauran ti golongan turunan Darwin mah ..heuheuheu hareueuh?!
Jojo Johari
Ang Apoedy: Memang kitu pisan. Basa kamari ge demo ka dieu. Ngagalaksak. Dapur dugi ka paburantak ,,heuheuheu hareueueuh?!
Fatih Nurul Anwar
lamun aya turunan, aya tanjakan. Tanjakan Emen boa.
Jojo Johari
Ang Irman Dimyatie: Bayawak teh nu sok disebat buaya darat tea, sanes? ..heuheuheu hareueueuh?!
Jojo Johari
Leres Teh Dewi Ratna. Waktos kamari sensus oge kantos nolak ..heuheuheu hareueueuh?!
Taufik Hidayat
turunan londok.. Horseh.. Hehehe
Jojo Johari
Ang Fatih Nurul Anwar: Tanjakan Emen teh nu di Nagreg tea, sanes? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Londok mah sok lolondokan Ang Taufik Hidayat ..heuheuheu ..hareueueuh?!