Update: 05 April 2012 15:40:26

Wonder Woman

Ku Akang Remi

Ranggeuyan kecap nu dilisankeun. Ngaduruk kalbu. Ngajejewét haté. Langitna. Teu wasa ngagebah méga-méga bangbaluh. "Sageuy, kudu ngalumbruk. Cimata ngan keur kasatiaan!” Gerentesna. Sora gumuruh. Ampli di jero rohangan ting jaruit. Tatit ujug-ujug pating belesat. Nyuruwuk tina gundukan méga. Jumelegur. Nobros suhunan Balé Watangan. Datangna neumbrag dada. Nu diuk ngajengkang. Nguniang, tuluy ngabedega. Soca bolotot. Curukna tutunjuk. Lambé nataan ngaran. Ngaran nu hamo matak pangling. “Imin! Yono! Anjeun sulaya ka Nénéng!” Sora émprak. Bangun sugema nénjo Nénéng jadi Wonder Woman.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: :"Aya kituna, nya?! Tina rajet hate ngajenggelek jadi wanita sakti."
  2. Ely Nurtini: Yi, euceu mah mun jadi wonder women rek norobos kana jeroeun dada jalma2 nu keur rariweuh wae dina urusan duit.....hyng apa kumaha hate leutikna da geuning kedal lisanna mah siga kitu...
  3. Akang Remi: Gan Perbu Irman Dimyatie, sumuhun nongtoréng kacida, komo geus di campurkeun jeung urusan pribadi, cenah neneg sok sebel. Ahihihihihihi
  4. Akang Remi: Aceuk Ely Nurtini,duh ulah bade wawantuna ceuk! komo kedah kabentar gelap heula mah! Linu!
  5. Godi Suwarna: :"Asoooy, Yayi...! Ungkarana 'sareukeut'. Kawas jamparing nu tingsiriwik ngincer mamaras nu maca. Dipungkas ku goongna nu ngaweuhan kana hate. Edun dekh..! Omat, enjing ngringan saembara, nya..? Lektop di tangan...!"
  6. Maman Gantra: Tegep, Kang! Wilujeng!
  7. Akang Remi: Gan perbu Godi Suwarna, punten sakantenan bade naroskeun. upami sapertos kitu,naha karaosna nembrak teuing henteu, gan? nyobian di rugal-rigel deui teh, mung karaos asa lebay. Tapi panginten pun uingna nu kirang wawasan.
  8. Akang Remi: Gan perbu Maman Gantra. Hatur nuhun, gan.
  9. Rifan Sahrony: Kareueut Gan.Maosna teu luak lieuk neuteup anteb inggis aya nu kaliwat.Ngerenyed pisan.
  10. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: manizs...jempol nyanggakeun
  11. Tiktik Rusyani: Tah kitu istri mah, ngadadak sakti mun tos kacida dinyenyeri, ieu rupina fikmin kanggo Neng Angie, eta aya bale watangan sagala.Hebring..lah, sapagodos sareng Kang Prabu Godi Suwarna, Lektop...lektop, nyanggakeun,hehe.
  12. Akang Remi: Gan Rifan Sahrony. Dugi ka kitu etah kasauran, ahihihihi,hatur nuhun, Gan. urang damel jimat meh tiasa sae mikminna jaga.
  13. Dewi Budi: hidup....Wonder Women...!!
  14. Abah Sarjang: Taah tos mimiti kalaluar fiminfikmin petingan... Der ah lektop! Top markotop pokona mah...
  15. Akang Remi: Bu Tiktik Rusyani. Nyanggakeun bu, hatur nuhun pangdorong dungana. Katampi pisan. InsyaAllah hoyong ka UNPAD mah, mung bubujeng lektop mah,pun uing teh teu acan sangem kedah ngemut dina waktos jam-jaman. Ahihihihi ma'lum anak baru, Nun.
  16. Akang Remi: Aceuk Dewi Budi.....Hiduuuuup Wonder Hiduuuuup Women!
  17. Tiktik Rusyani: Saleresna mah nu bakal kenging lektop teh tos aya catetanana dinu Maha masihan rizki, kantun usahana wae. Nu langkung penting mah urang ngaraketkeun silaturahmi urang, sanes. Engke pendak di UNPAD nya, Cep.
  18. Akang Remi: Halah Aceuk Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, Neda Hapuntenna, Rehing ieu connection nuju bloon kacida, aclog-aclogan bae. Katampi, nun. Jempolna karaos pisan manis.
  19. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: teu sawios atuh, da abdi mah tara pundungan ieuh
  20. Akang Remi: Sakedap, neda hapuntenna kasadaya, sanes maksad kirang tata-titi. hapunten bilih ngawaler rada uclag-aclog. Connection na nuju udur. hapuntenna bae.
  21. Yusef Muldiyana II: Yusef Muldiyana II menyukai fikmin Remi Sadkar yang heded,,,
  22. Akang Remi: Gan Abah Sarjang. Huhahaha, lektop? mentang jamparingna ge teu acan tiasa manteng dina waktos jam-jaman mah, Gan!
  23. Akang Remi: Huahahaha...Akhirnya aku disukai juga oleh Gan perbu Yusef Muldiyana II nan Rock N Roll ini. Hatur nuhun, Gan. Bingah pisan yeuh pun uing. Asa di aku. ahihihihii
  24. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: dihapunten pisan
  25. Yusef Muldiyana II: Pokona mah Wonder Woman we lah
  26. Akang Remi: Bu Tiktik Rusyani, Leres pisan kasauran teh, nu utamina mah silaturahmi. InsyaAllah manawi pareng sareng widi Gusti.
  27. Jojo Johari: Horseeeeh! Wonder women! ..heuheuheu hareueueuh?!
  28. Teti Taryani: Yaktos kitu pisan! kapeurih istri mah sok salin jinis janten hiji kakiatan nu tohaga. Der, atuh Neneng, bade dikumahakeun tah nu sok sulaya teh. Aceuk mendukungmuh!!!
  29. Akang Remi: Aceuk Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, ngahapunten? Aduh bingah pisan hatur nuhun, ceuk.
  30. Akang Remi: Wonder woman! Hoooraay! Hoooraaay! ....atuh hareueuh!
  31. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: sieun teu ditaeos énjing atuda...heuheu
  32. Akang Remi: Aceuk Teti Taryani, Mendukungnyah? Ahihihihihihi..syiik a syiik! nuhun pangrojongna, ceuk.
  33. Akang Remi: Aceuk Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, Ari uing kedah naros saha? Mun aceuk teu angkat mah ka UNPAD.
  34. Iberani Man: Neneng...mana, ti nagara mana ?
  35. Akang Remi: Duh ...duka tah, Gan Iberani Man. Duka neneng mana sareng duka ti mana? ahihihi
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Akang Remi
  1. Nu Humarurung Di Suku Gunung
  2. Lalaki Ti Lebak Cawéné
  3. Bagja Jeung Cinta
  4. Diantawis Urang Keur Urang
  5. Diantawis Urang Keur Urang
  6. Terjun Peuting
  7. Kelar Pikir
  8. Kasaru
  9. Samagaha Pikir
  10. Luhureun Luhung
  11. Kemba Dina Madenda
  12. Dinten Kasapuluh
  13. Longkéwang
  14. Longkéwang
  15. Éling-Éling Mangka Éling
  16. Sajati Ning...
  17. Kembang Saru
  18. Wonder Woman
  19. Nu Maha Fikminer
  20. Ngamanahan Rasa
  21. Ki Sepuh Jeung Tukang Kai
  22. Nyaliksik Nu Rékép Di Galunggung
  23. Bagendit
  24. Katumbiri
  25. Neukteuk Leukeur Meulah Jantung…
  26. Lalakon, Ayeuna Nu Urang
  27. Sunda
  28. Sunda
  29. Rumaos
  30. Bom Waktu
  31. Ki Salib
  32. Tibra
  33. Jati Kasilih Ku Junti
  34. Rampak Menekung
  35. Jangji
  36. Kaduhung
  37. Email
  38. Tidinya Ka Dinya
  39. Nenggor Buah
  40. Ngutruk
  41. Indung Jeung Anak
  42. Katinggang Lamunan
  43. Juriiiiig…..
  44. Gening Torek
  45. Program Berbencana (kb)
  46. Ashabul Kahfi
  47. Jati Sarakan
  48. Ngaji Diri
  49. Ngalungsar Di Perjalanan
  50. Rakean