Ku Dadi Arya
Haseup roko, ngulibek. Botol-botol bir, pasoléngkrah. “Kenang-kenangan ti kulisi euy!” si Sakim némbongkeun tapak pélor. Dina bitisna. Cakakak. “Tah, bati nyepeng Cicaheum!” si Kadir mairan. Nunjuk tatu bedog dina palipis. Tuh! Tah! Yeuh! Cakakak! Nu séjén pada narémbongkeun tapak tatu, pangaboga séwang-séwangan. Dina sirah. Dina leungeun. Dina awak. Tingcakakak, nyebutkeun kasang tukangna. “Ari Akang?” cekéng. Lalaki sembada nu sila tutug, muka baju. Nyarandé. Nunjukan dadana nu kénca. “Tah, ieu…raheutna can lita.” Saréréa hémeng. Euweuh tapak nanaon. Mulus! “Ku manéhna…” pokna, némbongkeun poto. Mojang manis. Dijilbab.
Jep, saréréa jempling. Euweuh nu nyora.