Update: 05 April 2012 15:40:26

Ngamanahan Rasa

Ku Akang Remi

Ngelemeng. Salira nu salamina rikip. Ibarat lalangsé, disimbut lalangsé. Boa kaguar ku lila. Lilana nyungsi, amparan kahirupan. Ah! Duka teuing! Bongan nyumput. Jauh, satukangeun jauh. Disaliksik matak peurih. Ngélekéték hate ti poé ka poé. Dunungan. Mun seug euweuh nu leuwih pantes. Uing rék sumujud. Rék dipunjung-punjung. Rék diperedih. Sugan haat nyinglarkeun nu buni. Najan ukur sajorélat.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Maman Gantra: Amin. Sae, Kang. Nuju produktif, yeuh? (Abdi mah keur cangkeul hulu. Hehehe...)
  2. Akang Remi: Hahahaha, Gan Perbu Maman Gantra. Nuju latihan wae hantem. sanes produktif...hihihihihi. Nuju milarian keneh nu pas kanggo sakadang rasa. Haturan wilujeng wengi, Gan.
  3. Akang Remi: aeh, subuh gening!...hehehehe
  4. Maman Gantra: Wengi, Kang. Hahaha... L:eres tos subuh.. Muhun sae. Teras latihan.
  5. Maman Gantra: Nu abdi tadi ge bantet saleresna mah. Paragrap awalna ngambay teuing. Mung abdi hoyong diajar reportase.
  6. Akang Remi: InsyaAllah, Gan. Bade dikeureuyeuh. najan jauhna mung keur panglipur kalbu (curhat) hehehe
  7. Maman Gantra: Ternyata sesaaahhh...
  8. Maman Gantra: Eh, pan fikmin (kasenian?) dadasarna mah curhat?
  9. Bambang Hardiwianto: Dupi Remi Sadkar urang India sanés ? Namina siga Rafi Sangkar.
  10. Akang Remi: Gan perbu Maman Gantra, tong bosen we teras mecutan, boh ku bantetna, atanapi ku teknis sanesna, cepretkeun we ka pun uing. margi karaos pisan, nu kitu nu matak rada karaos ngincidna lengkah teh.
  11. Maman Gantra: Sanes nu salira, Kang Remi. Mung, fikmin abdi nu tadi (anu judulna aya Asar-asaran).
  12. Akang Remi: Kang Bambang Hardiwianto, pun uing asa deuheus pisan kasalira teh,..hehehehehehe
  13. Maman Gantra: Kang Bambang: Namin Kang Remi gabungan India sareng Persia.
  14. Akang Remi: Tapi nu Gan perbu Maman Gantra mah, ngageleser basa Sundana, janten teu katawis teuing bantetna. mung sanggem pun uing nu tadi, pamugi kamanahan ku salira.
  15. Maman Gantra: Insya Allah, Kang. Hatur nuhun. Eh, Kang Remi, manawi apal: Abdi milari nami group rap ti Bandung nu salahsawios laguna aya lirik nu unina "anak cucu Lasykar/Perang Badar"? Abdi peryogi lirik lengkepna, oge sareng laguna.
  16. Bambang Hardiwianto: Tuan Remi Sadkar, hapunten pami pribados sok akrab da ieu mah tos adat ti oorok
  17. Akang Remi: Gan Bambang Hardiwianto, wakwakwakwak....kenal ka kang Yusef Muldiyana II? ahihihihihihihi
  18. Bambang Hardiwianto: Pasti Kang Maman Gantra jalmina jangkung nya?
  19. Akang Remi: gantaaaaaar!
  20. Maman Gantra: Hahaha... Muhun, Kang Bambang. Upami dibandingkeun sareng nu pendek mah.. Hahaha...
  21. Bambang Hardiwianto: Yusef Muldiyana rerencangan abdi waktos SD
  22. Akang Remi: Gan Perbu Maman Gantra. duh abdi kirang terang tah, namung ke urang cobian di paluruh manawi kapendak,InsyaAllah.
  23. Maman Gantra: Hatur nuhun, Kang Remi. Ieu lagu kantos "hit" kirang langkung taun 2000-an. Data abdi aricalan. Ayeuna aya nu peryogieun.
  24. Maman Gantra: Eh, punten ieu teh janten ngobrol nu sanes-sanesnya? Hehehe...
  25. Akang Remi: Teu sawios,Gan. muhun ke manawi aya nu uningaeun. tangtos dugikeun deui ka salira.
  26. Yusef Muldiyana II: Paingan asa rawing ceuli
  27. Yusef Muldiyana II: Bambang Hardiwianto, wayahna warga anyar mah teu wara menang nyieun fikmin salilas sabulan jeung kudu ngajempolan heula 10.000 siki fikmin nu sanes
  28. Maman Gantra: Kang Remi, Kang Bambang : Abdi ti payun, nya? Awak tos hoyong dikedengkeun. Cangkeul ti siang keneh di payuneun komputer. Wilujeng wengi ka sadayana. (Oge kangge Kang Yusef nu nembe sumping).
  29. Akang Remi: Mangga, Gan. wilujeng leleson
  30. Bambang Hardiwianto: Yusef Muldiyana II Sanes kitu da saur Pak Nana Sukmara mah, kedah maca web heula
  31. Akang Remi: Tah gening aya rencang SDna
  32. Bambang Hardiwianto: Mangga Kang Maman Gantra
  33. Yusef Muldiyana II: Kang Remi , lepat tah sanes "Salira nu salamina rikip" kedahna "Salira nu salamina rupi"
  34. Akang Remi: wkwkwkwk..kumaha tah maksadna "rupi" teh, Gan?
  35. Yusef Muldiyana II: Rikip soteh kapungkur ayeuna mah Rupi kap[aungkur Rinstitut Kejuruan Ilmu Pendidikan ayeuna Runiversitas Pendidikan Indonesia
  36. Bambang Hardiwianto: Tong didangu Om Remi, jeprut Yusef Muldiyana II mah
  37. Akang Remi: huahahahahaha...leres pisan,wkwkwkwkwk! abdi ti jurusan seni Rusik!
  38. Akang Remi: suhun! Gan, Bambang Hardiwianto...rame wae sareng akang ieu mah
  39. Bambang Hardiwianto: Abdi dibandang kadieu ku Yusef Muldiyana II padahal abdi mah turunan Purbolinggo namung lahir di Bandung sareng resep maca karangan sunda
  40. Akang Remi: Oh kitu, Gan?....leuh. sami ti teater oge rupina mah nya?
  41. Bambang Hardiwianto: Abdi mah penonton
  42. Akang Remi: Ah, percanten. paroman bang Broer wungkul ieu mah...hihihihihi siga kang Yusef Muldiyana II!
  43. Yusef Muldiyana II: Jadi inget Toni Lesmana eh maksad teh Toni Broer.
  44. Is Tuning: tah atuh ari hayang-hayang teuing mah... *nempokeun nu ngaburinyay..
  45. Yusef Muldiyana II: Si Bambang Hardiwianto fikminna leuwih jeprut ti uing... heuehyueu
  46. Godi Suwarna: :"Ngolah basana mah tos hatam, Yayi...! Kantun teras ngulik cariosna, plotna..."
  47. Akang Remi: Gan Perbu Godi Suwarna, sumuhun. InsyaAllah, nuju sareng bade dikeureuyeuh ku pun uing. hatur nuhun, Agan. Di estokeun pisan.
  48. Irman Dimyatie: :"Tuh, ngolah basana mah tos kumlaud cenah hehehehe.... wilujeng yayi!"
  49. Akang Remi: Gan Irman Dimyatie. heuheuheuheu, Haturnuhun, Agan. bade percanten-bade henteu, karangan salira ge sering ku pun uing diteuleuman, ditiron runtuyan basana. hapunten nembe bebeja ayeuna. mugi teu janten bendu...hehehehe..pan Balad,sami Manis semanis dodol Garut.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Akang Remi
  1. Nu Humarurung Di Suku Gunung
  2. Lalaki Ti Lebak Cawéné
  3. Bagja Jeung Cinta
  4. Diantawis Urang Keur Urang
  5. Diantawis Urang Keur Urang
  6. Terjun Peuting
  7. Kelar Pikir
  8. Kasaru
  9. Samagaha Pikir
  10. Luhureun Luhung
  11. Kemba Dina Madenda
  12. Dinten Kasapuluh
  13. Longkéwang
  14. Longkéwang
  15. Éling-Éling Mangka Éling
  16. Sajati Ning...
  17. Kembang Saru
  18. Wonder Woman
  19. Nu Maha Fikminer
  20. Ngamanahan Rasa
  21. Ki Sepuh Jeung Tukang Kai
  22. Nyaliksik Nu Rékép Di Galunggung
  23. Bagendit
  24. Katumbiri
  25. Neukteuk Leukeur Meulah Jantung…
  26. Lalakon, Ayeuna Nu Urang
  27. Sunda
  28. Sunda
  29. Rumaos
  30. Bom Waktu
  31. Ki Salib
  32. Tibra
  33. Jati Kasilih Ku Junti
  34. Rampak Menekung
  35. Jangji
  36. Kaduhung
  37. Email
  38. Tidinya Ka Dinya
  39. Nenggor Buah
  40. Ngutruk
  41. Indung Jeung Anak
  42. Katinggang Lamunan
  43. Juriiiiig…..
  44. Gening Torek
  45. Program Berbencana (kb)
  46. Ashabul Kahfi
  47. Jati Sarakan
  48. Ngaji Diri
  49. Ngalungsar Di Perjalanan
  50. Rakean