Update: 31 Maret 2012 03:30:09

Sabot PoÉ Juma’ah

Ku Dadi Arya

Bubuhan bari ngider. Tara matuh ieuh. Samanggihna, saanjogna. Gék, rada hareup. Hutbahna basajan. Pepel. Anteb. Solatna ringkes. Ngan édas, wiridna teu anggeus-anggeus. Duka madhab manaboa. “Ah, sakalian reureuh wé,” gumerentes. Luk. Tasbéh. Tahmid. Takbir. Nyimponi. Mépéndé. Enyaan, mépéndé. Pluk! Koréjat. Kagareuwahkeun régang. Gebeg! "Kebon eurih?" Kojéngkang, beberengkes. Muru rancatan, nu ngangsar ‘na saliara.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ummi Annadzriel: Euleuh, . . . Kaimpikeun kagundamkeun, bkt ku hyg jumaahan.
  2. Godi Suwarna: :"Haha...! bakat ku husu juma'ahan di tegalan..."
  3. Nazarudin Azhar: Ngalageday bakat ku ni'mat macana yeuh... Pas pisan, sanggeus ngagebeg teh nu kagambar jenglengan tukang dagang. Hirup pisan muru rancatan (kecap barang nu 'nyarita' pisan pikeun ngiberan nu maca, saha-sahana ieu tokoh). Petingan Ang...
  4. Dadi Arya: Aceuk Ummi Annadzriel, saéstuna, sasaha gé muslimna, sanaos sakumaha répotna ku urusan dunya, giliran dinten jumaah mah da sok kakuping iberan ti masigit. Jorojoy dina manah mah, tetep hoyong ngajugjug, jumaahan...
  5. Dadi Arya: Kakang Prabu Godi Suwarna, hehe..bubuhan disarengan ku eurih nu tumeras wiridan, tangtos kacandak husu'. Kitu gé saur sepuh nu kantos ngalamanna. Pami pun uing nu ngalamanna mah, duka badé husu', duka badé muringkak, heuheu..
  6. Dadi Arya: Ang Nunu Nazarudin, hatur nuhun aprésiasina. Ngeureuyauh, diajar milihan kecap, Ang..
  7. Muhammad Shohiba Nu'man: Anteb, Kang! genaheun pisan maosna. Eusina matak ngajengkang deuih. Hebring..
  8. Munajat Ceng: simanahoreng,,, kerek. puguh atuda kerek nu paling ni'mat mah waktu khutbah
  9. Dadi Arya: Kang MS Nu'man, hatur nuhun... Bakat kataji ka nu icalan bari nanggung...tapi ibadahna leket.
  10. Dadi Arya: Munajat Ceng, halah...bagéa! nyéta tuh kalangenan, ku hutbah juma'ah mah nu insomnia gé, cageur.
  11. Munajat Ceng: hahahaha.... nu matak khutbah kudu lila, sholat na saliwat, tea weh surat Annasr
  12. Asep Komara: Panginten eta teh Masjid goib nu jama'ahna para jin muslim..aya ku kawenehan Pa Dadi Arya..pieunteungeun jumaahan di urang..heu..heu..
  13. Dadi Arya: Enya, Ceng... matak sok bingung kanu hutbah singget téh. Naha kudu bungah, naha kudu kesel? Da éta, teu wareg ngalenggut! heuheu..
  14. Munajat Ceng: Ngan can kacaritakeun aya khotib nunutan, atawa muroqi ngalinur nya Kang Dadi Arya ? cik kreatif dongengkeun
  15. Dadi Arya: Kang Asep Komara, dongéng sepuh manawi. Da kitu geuning, nu wening galih mah, tiasa ngawénéhan dangdaunan nu nuju hémpak wiridan...
  16. Dadi Arya: Munajat Ceng, haha, waas nya? Alus tah ideu téh. Ku didinya wé atuh... panan can kungsi ngirim fikmin nu daria, lin?
  17. Munajat Ceng: hehehehe.... sabab ngadenge beja,, aya muroqi dina waktu qomat kalah maca Innalillahi...... simanahoreng teh nunutan ngimpi aya nu maot, atuh geur teh ma'mum nangtung rek sholat ghoib.
  18. Dadi Arya: Tah ning, geus aya rarancangna mah, Ceng.. Kari ngaguluyurkeun. Gaya ngaguluyurkeun, rupa-rupa. Titénan conto-conto fikmin nu séjén. Bekel téhnikna dina dokumén aya, dina web fikmin gé, aya. Wilujeng ngimeutan. Cuang babarengan diajar.
  19. Munajat Ceng: nya Kang Dadi Arya, ari nyieun ngarang carita, sieun tiis alabatan kulkas
  20. Dadi Arya: Saréréa sarua, Ceng...mangsa ngamimitian mah. Loba kasieun. Geus ancrub mah, bakal loba nu memener. Sumpah, tah! Salahsahiji cara ngasah kecap jeung babasan, sing aléwoh. Remen ngomén dina fikmin batur. Dijamin!
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Dadi Arya
  1. Nu Cinutrung Di Juru
  2. Bujang Kolot, Ditonjok Congcot
  3. Gratifikasi
  4. Ngimpor Carios
  5. Rapat Dengar Pendapat
  6. Raheut
  7. Sabot PoÉ Juma’ah
  8. Lalangsé ‘na Pecel Lélé
  9. Nu Teu Kacatur, ‘Na 10 Nopember
  10. Sipir Penjara
  11. Zhang Xiaoling
  12. Zhang Xiaoling
  13. Nu Marakayangan
  14. Sanggeus Tujuh Taun
  15. Balabuh
  16. Nu Tinggaleun
  17. Maleman Pangantén
  18. Uyah Kidul
  19. Ubar ‘Ventrical Septal Defect’
  20. Singhoréng
  21. Nyanéh Heula!
  22. Mulang Tarima
  23. Pileuleuyan, Eulis…
  24. Kahalang
  25. Gandrung Kapegung
  26. Tilu Menit Panungtung
  27. Teu Mais Teu Meuleum
  28. Sérpis Tipi
  29. Ajug
  30. Kado
  31. Mardud
  32. Rayagung
  33. Nipas
  34. Harewos Hulu Angen
  35. Insap Ku Google Earth