Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Sarkanjut

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 23 Januari 2012 09:55:24

Geleber Dewi Utari hiber. Muru basisir sagara kidul. Teu kasawang ti anggalna, angin barat ngadius ka wetankeun. Siet nyingcet, nyingkahan rosana angin. Pung, ngajaul mumbul mapakan mega. Angin barat masih rosa. Najan gesit cungcat, cingcet, pluk!, endongna ragrag. Nu rusuh kapahung. Sanggeus angin leler. Seok, nu ngapung muter, nyerangkeun lebah pangragragan. Gajleng ka sisi talaga nu dikuriling embel oyag-oyagan. Jrut turun nyasar dasar talaga. Nyasaran endong kameumeutna. Nya ti harita, eta lembur katelah Kampung Sarkanjut.

Komentar (34)

Akoer Lah
Desa/kacamatan mana tateh? Boa2 muragna ge di daerah pasar Sumedang, tug nepi ka kiwari disebut Taman Endog (bilih teu percanten taroskeun ka urang Sumedang, hahaha..)
Ki Hasan
Kampung Sarkanjut, aya di Desa Dungusiku, Kacamatan Leuwigoong, Garut.
Rohaendi
halah artistik pisan eta ngaran lembur.
Akoer Lah
apanan aya oge lembur "legokhangseur:.
Ki Hasan
Kang Akoer Lah, Kang Rohendi Pandeglang, Kang Apoedy Sarah Ihsan, oge Kang Muhammad Shohiba Nu'man, eta lembur teh, upama arah ti Bandung ka Garutkeun, belok ngetan di Pasar Leles. Kira-kira 6km-an. Upama ti arah Limbangan kaliwatan ku jalan alternatif ka Bandungkeun.
Tien Widartini Darodji
Ki Hasan punten tumaros dupi endong teh naon?
Akoer Lah
atuh ngalangkungan leuwigoong-cibiuk kitu? lembur na kang h. usep romli.
Ki Hasan
Endong teh Kanjut Kundang. Upama kiwari mah fungsina jiga dompet panginten. Numatak janten SAR nyasar, KANJUT kundang.
Taufik Hidayat
Pami di daerah banjar aya tikungan namina Tepung Kanjut. Duka kumaha tah kawitna mh.
Shohiba Nu'man
Leres, Ki Hasan. Pami kaleresan nganjang ka Garut, Di lebah leles pisan sim uing sok ngadon seuri kanjut. Emut ka lembur nu katelah Sarkanjut. Horeng kieu sasakalana.. hehe
Ki Hasan
Kang Muhammad Shohiba Nu'man, eta sasakala oleh-oleh liburan Lebaran kamari. Ngahaja ngumpulkeun barudak nanggap kokolot ngaguar sasakala lembur.
Akoer Lah
Sarkanjut teh basa kasarna ti alat kontrasepsi KB sigana mah, hahahaha...
Ki Hasan
Kang Akoer Lah, upama ti Limbangan, teras ka Cibiuk, Leuwigoong, Sarkanjut, nyambung ka Leles. Sok jadi jalur alternatif umapa macet di Nagreg. Dialihkeun ka Cijapati.
Ki Hasan
Kang Taufik Hidayat, biasana kokolot lembur sok aya carita folklor ngeunaan lemburna. Kedah ngahajakeun ngadongeng sareng kokolot satempat.
Akoer Lah
tapi teu ngalangkungan situ bagendit nya? abdi kantos dua kali ngalangkungan jalan eta waktu ka bumina kang usep romli.
Ki Hasan
Teu ka Bagendit, ti Leuwigoong aya jalan cagak, nu ngidul ka Bagendit, Banyuresmi, Garut. Nu ngulon ka Sarkanjut, Leles, Bandung
Ki Hasan
Tah aya iber KKN Mahasiswa UNPAD di Sarkanjut: http://blogs.unpad.ac.id/kknmdungusiku2011/
Entjep Sunardhi
Teraskeun ka Sarleuleus,Sarkacang dugi ka Sarjambe.
Akoer Lah
nu katingal barudak kkn ayeuna mah asa beda jeung jaman breto, asana teh barudak ayeuna mah arogoan, kontribusina ka daerah asa jarang tapakna, saribuk ngongome hape wae, di lembur abdi ieu mah, duka di lembur sejen mah.
Ki Hasan
Tah Kang Entjep Sunardhi, Sarjambe mah caket ka Situ Cangkuang. Nu janten jurukunci di Kampung Pulo teh turunan urang Sarjambe.
Ki Hasan
Ari Sarleuleus mah caket ka daerah Kang Entjep Sunardhi, kalebet ka desa Leuwigoong. Upama Sarkacang jigana mah ukur heureuy. Asa can mendakan dimana ayana. Aya oge Cikacang, di Ciamis.
Entjep Sunardhi
Leres Ki Hasan SKJ sareng SLL mah caket ti padumukan akang.
Mahpudin
Abdi mah ngabayangkeun.. ieu fikmin kumaha nga-grafisana... heuheuheuheuheu.....
Godi Suwarna
:"Siiip, Ki Hasan...! Pedo pisan...! Sasakala lembur tetela heded upami didamel fikmin. Ieu contona..."
Ki Hasan
Hehehe. Kang Apoedy Sarah Ihsan. Latar talaga. Aya Dewi Utari ngukuy ranca. Saheab gambar kanjut kundang jaman baheula. Nu jiga burayot. Wadah sabangsaning ubar nu hudang ngajuru.
Ki Hasan
Kang Godi Suwarna, ieu masih kalebet fikmin?
Godi Suwarna
:"Ieu fikmin pisan, Ki Hasan...! Asoooy dekh..."
Ki Hasan
Hehehe. Masih gupuy-gapay ieu teh. Tuang-toong. Kaditu, kadieu.
Meyz Moelz Meliawati
Abdi mah unggal usik ngalangkung ka kampung SKJ th..perkawis Cikacang mah teu kedah tebih..didaerah abdi ge (Kadungora) aya lembur nu jenenganna Cikacang..perenahna di suku gunung Haruman.
Ki Hasan
Tah muhun nya Cikacang, caket Gunung Haruman.
Darpan Winangun
Manawi aya nu uninga, di mana lebahna Kiara Baok?
Yusuf S Martawidenda
Kumaha tah sasakala kampung legok hangseur ?
Dédén Abdul Aziz
Narosna ka urang Kuningan geura, Ang Darpan Aria, aya desa namina Desa Baok (asa dina grup Cawokah Nasional)...
Ki Hasan
Hehehe. Kiara Baok sareng Legok Hangseur mah, can mendakan tah. Karek dina guyonan. Tapi jigana tiasa disusud dina data KPU, da lengkep nepi ka ngaran kampung.