Update: 23 Juni 2012 07:00:08

Catur

Ku Rinto Variasirias

skak! Ceuk pa udung bari nyagrogkeun patih kana raja. "wapatnya kang haji?".
"Atuh patihna diemam we ku ieu?". Ceuk haji salim bari nyekelan benteng gigireun raja.
"eit' dupi ieu naon?" ceuk pa udung br noelan kuncung nu campego dijuru.
"aeh' muhun nya open? Deukh kawon deui akang, yi?". Ceuk hj salim bari kedung. Tuluy kudak kodok kana saku bari panon angger mencrong kana papan." ntos heula akh, yi! Enjing deui urg teraskeun" ceuk haji salim bari ngasongkeun duit 5000.
"nuhun kg haji! Ieu mah etang2 hiburan we kanggo penyemangat. Leres kitu kg haji?" ceuk pa udung. Br nyakuan duit.
"leres yi, urg mah mung hiburan da teu sprtos korupsi, teu ngarugelkeun nu sanes".
Aleukh, gning tos bade asar yi, akang can lohoran! Tapi Wios welah ketang urang jama srg asar. Ceuk haji salim br meresan papan catur.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Apoedy Sarah Ihsan: hahahahahaha.. sae pisan yeuh nyindirana.. heuheuheu.. jempol kang.. hehe..
  2. Rinto Variasirias: htr nuhun kg apoedy jempolna! Teu aya maksad nyindiran akh,,? Hehehe,,,
  3. Akoer Lah: ari kuda akang ka mana, tadi mah asa aya ngadungkuk?....ari kang haji apan eta dicecekel diantel2 kana tarang...(pangalaman sim kirung ieu mah keur catur jeung kang haji nu katelah limpeuran)
  4. Saefull Atk Archiva: deudeuh teuing pa udung....duit meunang jeung roko oge sigana mah heuheu...
  5. Rinto Variasirias: kg akoer, pangalaman dina catur mah kggo kaum pameget mah aya wae, sprtos nu fikminkeun ku abdi teh memang aya dikieuna karakter kitu teh, kang!
  6. Rinto Variasirias: kg saeful, ari acis mah kengeng, ngan enjingna dianggo deui taruhan, heheh!
  7. Iwan Hanjuang: he he he he ngadu keneh atuh eta mah..
  8. Rinto Variasirias: kg iwan, saur pa haji teh,, lima rebuan mah teu kalebet judi cenah, heheh!
  9. Iwank Pamungkas: Heu heu, wartosan ka pa haji, ku artos mah ageungna alitna tetep taruhan/judi tea, atos we enjing mah pami maen catur deui taruhan na nu eleh pindah agama kituh tong kagok!!! Ngerakeun pisan eta haji Wkwkwkwkw
  10. Irman Dimyatie: halah.... eta mah ngerakeun pisan, kang haji.
  11. Ara Stafari: Haji palid eta mah ang ! sanes sorban palid ! hohohohoh
  12. Rinto Variasirias: kg iwang, catur tumpangan bd liren saurna teh, ayeuna mah ngeureuyeuh kn togel, gkgkgk
  13. Iwan Hanjuang: Lamun Haji Jejen Jaelani W.. di tarok tah ku gegendir..
  14. Rinto Variasirias: kg irman, teu ngisinkeun da aya komunitasna, wkwkwkwkwk,,
  15. Rinto Variasirias: kg ara, muhun tah!
  16. Rinto Variasirias: kg iwan, kg haji jejen mah almukarom ath,, heheh,,
  17. Jejen Jaelani W: Emang gegendir Kang Iwan tiasa narok kitu? Saur Ang Ahmad Yani, gegendir Kang Iwan mah tos ngulapes....heuheuheu.....
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Rinto Variasirias
  1. Kuring Warti
  2. Kembang Tiiran
  3. S A T G A S
  4. Bantal Baseuh Balas Karagragan Cimata
  5. Nagri Konéng
  6. Kolot Pengertian
  7. Sungging Prabangkara
  8. Ka Zamanan
  9. Jam Dingding
  10. Tukang Baso
  11. Meuntas Janari
  12. Kuring Laras Pelog
  13. Ngagolér
  14. Lalajo Tivi
  15. Obrolan Jeung Gatotgaca
  16. Tos Jam Tilu
  17. Rucuk Ringkang
  18. Aksara Meulah Dirina
  19. Tilu Kali
  20. Nu Nguyung Di Sisi Layung
  21. Balik
  22. Sasakala Rri Bandung
  23. Duruk
  24. Sajak Munggaran
  25. Nu Ajal Dipapag Angin
  26. Nu Geulis Ngaheureuyan
  27. Dongeng Cempor
  28. Batik Fikmin
  29. Salah Kamar
  30. Raja Nyumput
  31. Layung Dina Sagelas Cikopi
  32. Pilihan Hirup
  33. Ulin Iblis
  34. Cagar Rasa
  35. Pegat Duriat
  36. "sol Spatu"
  37. Dukun Jumhur
  38. Catur
  39. Panyakit Teu Bisa Seuri
  40. Teu Bisa Maca
  41. Buronan
  42. Lain Jodo
  43. Nasib Jalma
  44. Menjait Jemuran Ii
  45. Menjait Jemuran