Ku Sanjaya Dhipa
Barang sup ka Aula Unpad, dina layar ngagejlab tulisan, anu intina mah: dipahing ngaroko di rohangan”. Tapi teu ditolih, jongjon wé ngenyotan udud nu kari sabatang deui. Teu lila, aya satpam nyampeurkeun bari tuluy ngageunggeureuhkeun. Ditémbalan wé, bari angger udud mah dikenyot, tug nepi ka satpam ngaléos. Teu lila, torojol satpam saurang deui.
“Pa, upami badé nyesep mah di luar baé...” pokna.
“Teu diseungeut da, mung dikenyotan wungkul...” témbal téh, cara némbalan ka nu mimiti. Manéhna ngaléos.***