Inget kénéh wé tah kuring mah, basa Nyi Lia keur sakola SMP kénéh, manéhna kungsi ngomong kieu: “Pami abdi tos lulus SMA, urang langsung nikah wé yuk A, karunya ka si Ma Haji bisi kabujeng maot.” “Nya, Hayu” Témbal kuring, basa harita. Tuluy basa Nyi Lia lulus ti SMA, manéhna ngomong deui: “Pameng A lah, tos bérés kuliah wé nikah téh, muhun? Naon da si Ma hajina gé ayeuna mah tos maot ieuh,?” “Enya lah, siap, okéh!” Ceuk kuring deui, teu loba omong. Tapi ayeuna, sanggeus manéhna bérés kuliah, sanggeus manéhna boga gelar sarjana, geus ngajar di tilu sakola, naha kalah kawin jeung si Yadi, budak Haji Sarlija, nu teu puguh gawéna téa? Ké… asa lieur ieu téh?
“Teu kénging lieur atuh A, kapan urang téh ayeuna mah tos putus. Janten abdi badé nikah sareng saha waé ogé bébas? Bongan saha Aa na ujug-ujug ngagerebeg, cobi mun teu ngaberebeg mah, abdi sigana nikah sareng Aa, muhun? *_^