Update: 27 April 2012 06:20:07

Tilu Sms

Ku Tatang Sumarsono

“Iraha cacapna kahamham anjeun téh, Ida? Kakangen anu diarep-arep kalis kedal dina ungkara sajajar. Padahal, Akang kacida nganti-ngantina, Ida cacarita ngayun ngambing, jangeun ngeusian lolongkrang nu lawas suwung. Tapi anu diarep-arep tiba ngolémbar meueusan. Matak cangkeul ngadagoan. Ida, ieu kaasih jigana baris diombakkeun dina lautan eurih, geusan gaganti sakur anu karasa peurih ….”
Geus méh saminggu, ieu SMS katampa. Bisi heueuh ngarep-ngarep, antukna dibales: “Hi-hi-hi ….Jagoan panjat tebing mélankolis en romantis. Dah …, Kang Firman ….”
Teu heuleut lila, asup SMS ti nomer anu béda: “Firman ngantunkeun di Citatah, layonna nyelap dina seuseukeut cadas ….”

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Dayat Iskandar: Inna lillaahi wa inna ilaihi raji'un. Ngiring bela sungkawa.
  2. Undang Saipul Rochman: KATAJI KANG.. ungkara "dina lautan eurih" maksadna kumaha? naha henteu "dina lautan sagara,..atanapi lautan katresna.." panginten ngudag murwakanti sareng.."kapeurih?"
  3. Nun Bulan: deudeuh teuing
  4. Tatang Sumarsono: Ka Mang Undang Saipul Rochman: Nya, kira-kira kitu, ngudag purwakanti.
  5. Rohendi Pandeglang: nyeuit Ka.. lautan eurih.... kana karasa peurih
  6. Tatang Sumarsono: Ka Rohendi Pandeglang: Milih metafor "lautan eurih" anu kasawang téh tegal upluk-aplak tanpa pangiuhan. Sugan waé manjing kana "kapeurih".
  7. Ganjar Kurnia: nyelap dina sueseukeut cadas? kumaha tah?
  8. Nazarudin Azhar: Ampuun.. fikmin nu matak nyandu téh nu kieu yeuh, dibaca sababaraha balikan, nikmat pisan!
  9. Tatang Sumarsono: Kitu lah, Ang Ganjar Kurnia, cadas sésa panugaran dina gawir. Mung rupina henteu ari maréncos pisan kawas stalagmit mah.
  10. Rohendi Pandeglang: carponmah isok males malikan deui maca, tapi fikmin mah bulak balik tepi ka tilu kalina kalah ka beuki nikmat.... hiduplah admin grupna... osok kana sake teu? hehe
  11. Teti Taryani: Bubuhan kenging ahli kasundaan... mani endah kieu Ang, ungkarana...!
  12. Deden Abdul Aziz: Ida jeung Firman, halaaahh... Ngararasakeun geleserna basa Ang Tatang Sumarsono...
  13. Iwan Hanjuang: moal komen ah heurin letah...
  14. Muhammad Shohiba Nu'man: Haduh.. dipungkas ku lara..
  15. Dedi Rosala: Baruk Firman jadi layon..? Meujeuhna dina malem jumaah kaliwon mah ngaharib-harib carita horor geura...! Mangka eta nyelap pisan dina seueukeut cadas....ah sieun kukurayeun. wilujeng wengi.
  16. Heni Sumarni: ieu teh tos horor deui wae...
  17. Hadi Aks: Kakangen mah teu weleh ngagalindeng nya, Ang! Naha hnt tokoh Ida nu tiwasna?
  18. Iwan Hanjuang: Bingung...
  19. Ya Soebarta: Deuh adeuh, jeung tataekan heg malem jumaah, kumaha mun ragrag..!! ( da entos ragragna mah, eeey ah...!!) Deuh, ungkarana matak tigurawil manah...!!
  20. Tatang Sumarsono: raraosan sareng paniatan mah sanés nyerat horor, Neng Heni Sumarni. Tapi kétang teu langkung salira dina ngama'naanana mah. Ka Mang Hadi Aks: Lebar pami Ida anu sina tiwasna mah. Sareng bilih Mang Hadi palay kenalan deuih, da dugi ka ayeuna teu acan aya anu tiasa nalukkeun. Nuhun, Mang Deden Abdul Aziz, pami karaos ngageleser mah. Hanas badé disebat platonis, mangga nyanggakeun. Komenan atuh, Ang Iwan Hanjuang, manawi aya bagian lalakon anu sami kaalaman ku salira.
  21. Iwan Hanjuang: Nya eta asa kasuat-suat peristiwa kitu teh,ngan dibasisir kalapa genep daerah cikatomas...
  22. Tatang Sumarsono: Apal lah, Ang, Karang Tawulan.
  23. Yanti Sri Budiarti: Innalillahi wainna illaihi roji'un... Tuuuh ah, bongan elat ngawaler SMS.
  24. Tatang Sumarsono: Ka Neng Yanti Sri Budiarti: Nuhun. Niat mah hoyong nggambarkeun dua pribadi aju patukang tonggong.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Tatang Sumarsono
  1. Surat Keur Euis
  2. Alur Informasi
  3. Tina Catetan 1973
  4. PotrÉt Euis
  5. Asmaradahana Hiji
  6. Malim Buhaya
  7. Sindang
  8. Dalingding Asih; Keur NÉnÉng
  9. Lonely Lady
  10. Hayam Lisung (minangkana Carita Pantun)
  11. Catetan Paninggaran
  12. Ratna
  13. Madraji
  14. Horse Cruising
  15. Dulkonang
  16. Juru Catet
  17. Pasar
  18. Albeum Pilkada
  19. Kawin PÉrak
  20. Tina Pangalaman Ani
  21. Paguneman SimpÉ Dua
  22. Mafioso
  23. PasÉa High-tech
  24. Tradisi Tragis
  25. Kresna Dutaningrum
  26. Élegi Kingkin
  27. Carita Pantun Mahiwal
  28. Kadongdora
  29. CÉlÉng Wayungyang
  30. NÉnÉng BadÉ Nikah
  31. Pilkada Tilu Paragraf
  32. Anggota DÉwan Manten
  33. Rapat Tim SuksÉs
  34. HÉrlina
  35. Telepon
  36. Liwung
  37. Rumpaka Tembang
  38. Tilu Sms
  39. Nyimas Sanés Euis
  40. Carita Biasa 3
  41. Carita Biasa 2
  42. Carita Biasa
  43. Meuntas
  44. Catetan Pangandaran, 1974
  45. Hijrah
  46. Fikmin
  47. Fikmin
  48. Karna
  49. Fatimah
  50. Kabéh Gé
  51. Harisbaya
  52. Paguneman Simpé
  53. Gedong Saté
  54. Munjung
  55. Tilu Paragraf
  56. Serat Ka Citraresmi
  57. Dialog
  58. Gentong
  59. Tsunami Pangandaran
  60. Keusik
  61. Bagawan Sirna Di Rasa
  62. Lutung
  63. Fikmin
  64. Dasi