Kahatur "D"
Galunggang gulinggasahan, babaseuhan huhujanan kikiciprikan rurusuhan sosoranganan, moro sono bakal tepung deui, panggih deui, deukeut deui, ngariung deui.
Anjeun dimana "D"..?.
Ayeuna kuring didieu..., di warung sakola tempat urang mun hayang tepang. Sorangan diuk dina korsi, paragi kuring nyieun janji mun hayang panggih. Sagelas cai kopi panas diteuteup, ditangkeup, dikucek, diubek - ubek miharep anjeun aya diuk dina jerona