Ngan kuring budak Mamah hiji-hijina.
Ceuk Mamah, "Ujang. Ulah melang ka Mamah nya. Ulah melang ogé ka Apa. Ayeuna Apa nuju bajoang milari napakah kanggo Mamah sakulawarga."
Kuring teu bisa kukumaha. Ukur ngusap cimata.
Ceuk Mamah, "Ujang mah ulah ngémutan nanaon deui."
Mamah nangis.
Hayang pisan kuring ngusap cimatana.
Hayang pisan kuring ngusapan rambutna.
Tapi teu bisa.
Mamah angger nangis bari ngawurkeun kembang jeung ngusapan tetengger batu.