Rada kalékéd rék inditna téh. Semu nu haroréam. Nu diuk gigireunana geus ngarérétan baé. Nitah sangkan buru-buru indit. Jung manéhna nangtung, léos ka luar ti éta rohangan bari ngasupkeun sabeundeul keretas kana tasna. Nepi ka nu ditujuna teu ieuh buru-buru asup. Ngahuleng heula sakedapan hareupeun panto. Siga ngemu kabingung. Lalaunan gagang panto téh dicekel. Bray muka, laju asup. Gék diuk dina korsi nu geus disayagikeun. Kusiwel ngaluarkeun keretas sabeundeul tina jero tasna. Ngajeblag tulisan ku aksara gedrig: DOKUMĒN NEGARA , PAKĒT SOAL UN, C1-BAHASA INDONĒSIA. Sedeng ujian kakara rék dimimitian poé isuk!