Manéhna bangun ijid neuleu bawang jeung sabangsana, teu dililakeun deui kabeh disiksik dikunyit-kunyit. Nu disasak teu walakaya, rumasa teu ngabogaan kakuatan nu bisa ngéléhkeun péso dapur. Najan ngalawan hamo bisa ngarompangkeun, jajauheun bisa miley, mun matak motongkeun mah tangtu ngimpi. Ngan ngajenghok waktu péso dapur dititah nyacag kadu jeung hulu domba. Haténa ngajerit, lamun dipaksakeun aing nu baris boboléh. Lalaunan manéhna ngoléséd, nyingkah ti pangperangan.