Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Munjung

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 16 Novémber 2011 21:20:56

Éstu teu puguh sumberna, tapi nyebar tatalépa, pajarkeun aya nu munjung, sugih dibantu dedemit. Moal ka saha nudingna, mana komo saenggeusna dihihidan, najan henteu nunjuk rorék, ka jalma nu dipimaksud, cukup ukur sindir sampir. Ngadadak pada miceuceub, dijauhan ku tatangga.
“Bagong …! Bagong …!” ngambreg pada ngepung, sabedogna, saruyungna. Da puguh sato geus limpeu, teu lila gé jadi bugang.
“Cuang anteurkeun ka pamajikanana! Cuang éra-éra ku saréréa!”
Regeyeng digotong, dibawa ka gedong sigrong, dialeut-aleut pangeusi lembur, nu lulungu gé bet ngadadak jadi cénghar.
“Asa ku rareuwas temen. Badé nepangan pun lanceuk? Mugi kersa ngarantosan, mo lami gé rérés tahajudna.”

Komentar (47)

Nyai Endit
Hag tah ... kinten-kinten, aya nepangan warga moal rengse tahajud teh?
Nyai Endit
misteri deui wae ...
Yayan Bedog Supriatna
ikh..aya da leres nuju Tahajud, éta mah warga wé nu suudzon, Nyai Endit
Nyai Endit
Eit .. tiasa janten eta garwa nu gaduh bumi teh ngabohong ... soook ..
Nanang Sahbana Afnani
Muhun..hirup mah kedah husnudzon..jauh tina panyangka awon ka dulur nu keur meunang ujian kasenangan ti Mantena..
Nyai Endit
Hahay .. dina kahirupan mah kantenan atuh kedah husnudzon .. wios da ieu mah dina fikmin .. hehe
Tatang Sumarsono
Nyanggakeun ka nu maca, badé disurahan kumaha waé ogé. Ngahaja dibukakeun lolongkrang salega-legana. Apan kitu fikmin mah, sanés? (Sanés ..., saur Nyi Endit téh)
Nyai Endit
Yey ,,,da waleran abdi mah sanes kitu, sanes? saneeeeees ... (saur Kang Tatang Sumarsono)
Dedi Rosala
pasti maraneh eraeun...!!Nu matak ge nya? Munjung ka indung muja ka bapa......
Ida Nurulhuda
Kitu tah jaman ayeuna gé..,babari goréng sangka sareng ngahalalkeun sagala cara...
Ya Soebarta
Ayeuna mah nu munjung oge tos malih rupi, teu ka bagong deui tapi ka beurit..resep upami morona di senayan, sabedogna saruyungna...!!!
Tatang Sumarsono
Munjung, nyegik, ngipri, ngeték, ngukut kencit, éta téh bagian tina kahirupan urang Sunda (baheula). Tepi ka mana benerna? Sesah disalusurna. Ngan nu jelas, anu kararitu téh remen jadi bahan karangan, ti jaman Moh. Ambri kénéh. Samalih ayeuna mah tos dialihkeun kana filem sareng sinétron. Ngan nu jelas deui waé, guluburna dunya téh geus jadi udagan utama. Mangkahadé urang mah ... (ih, bet kalah tablég ieu téh). Lain béjaan atuh, Nyai Endit,ieu téh keur nyieun komén, kituh!
Lenny Magdaleni
pami kitu...., saha atuh nu janten bagong teh?
Tatang Sumarsono
Saha, nya? Akang gé bingung. Jang Hadi Aks ..., cing tulungan pangjawabkeun Akang, kawas ti heula-heula ...
Lenny Magdaleni
naha bet di alungkeun ka Hadi Aks...? pan sakedahna akang nu ngawaler? pan akang nu gaduh lalakonna....
Godi Suwarna
:"Edun, Ang...! Uing mah resep pisan kana fikmin kieu teh. Diangkat tina dongeng, legenda, carita rayat. Dina sastra, boh Sunda boh Enonesa, urang teh leungiteun story teller, tukang ngadongeng nu narik ati. Tah, di Ang Tatang Sumarsono mah nyampak eta teh. Ku pinter-pinterna ngadongeng, dina ieu fikmin pesan moralna nyamuni tapi gampil dikorehna. Gorehel weh. Ku nu kieu mah nu maca moal asa dipapatahan. Sok lah, kagungan nu kumaha deui? Apungkeun, Ang..! Meungpeung urang hirup keneh..."
Tatang Sumarsono
Ih, apan Jang Hadi Aks téh sobat sakulah-sakolih ti kapungkur, Néng. Anjeunna gé ku Akang kantos ditulungan, basa nuju ngandidat anggota déwan. Alhamdulillah teu kapilih. Da mun cios téh jadi anggota yang terhormat, meureun ayeuna moal mikmin. Muhun, teu ari, balas riweuh ngutak-ngatik anggaran.
Tatang Sumarsono
Nuhun, Ang Godi Suwarna. Tulungan abdi yeuh, pangwalerkeun patarosan ti Neng Lenny Magdaleni. Mangga wé honorna mah kanggo Aang. Kumaha? Teu peryogi honor? Wios atuh urang anggo nyecep ka Jang Rudi Riadi.
Rudi Riadi
Nya enya atuh kedah nyecep ka abdi teh, apan abdi nu jadi bagongna...haha.
Godi Suwarna
Lenny Magdaleni:"Nu janten bagongna mah nya bagong biasa we, Neneng..! Nu sok malingan palawija. Mung, urang lembur tos awon sangka tina sirik pedah gaduh batur salembur nu beunghar..."
Tatang Sumarsono
Ah, Jang Rudi Riadi mah, maké akon-akon jadi bagong. Butuh ku panyecep mah nyarios waé ka Mang Haji Nanang Sahbana Afnani.
Nanang Sahbana Afnani
Hahaha...
Shohiba Nu'man
Raoseun pisan Ang.. Kanggo abdi mah kacida seueur pulunganeunana ieu fikmin teh.. boh gumalindengna, angot eusina mah.. mundel pisan.. Hatur nuhuuun...
Endah Dinda Jenura
kabayang tingkelemes bari silih reretna eta nu ngagotong bagong...
Daud Pamungkas
eraeun pisan sigana tah bagong teh
Andri L. Kusumah
Rupina nu iyeu mah kabiasaan masyarakat nu karedul minangka aya nu pinunjul dina ekonomina supados teu riweuh tur hese mikiran kumaha sareng timana kabengharanna disebut weh muja. heu..heu.. seueur kajantenan
Hena Sumarni
jempooooooooooooool...........
Hadi Aks
Alah, enjing2 nyikopi srg fikmin folklor, asa sedap kieu, Kang! Td wengi ngaplek, tibra. Moh. Ambri srg Ki Umbara utamina dina sastra Sunda mah nu ngahirpkn dongeng kieu teh. Nalika jd fikmin, karaos panglingna, nyeundak!
Godi Suwarna
:"Dibaca dibulak-balik. Nyaan. Ieu fikmin teh aya ruruhitan, kawas useup. Atuh uing salaku laukna, teu bisa ngejat da puguh geus neleg eupan. Halaaaah, nikmooooot....!"
Rohendi Pandeglang
Doangna eta masyarakat nyarita kieu: eteh ieu nyanggakeun bagong, tadi ngagalaksak pelak dangdeur di kebon eteh...!!! (Nyumputkeun kahewa)
Ella Wargadinata
..... ieu panginten nu namina mass mobilization.....maju rempeg bari teu puguh saha nu ngaluluguan, nu pasti aya nu dijantenkeun 'musuh bersama'.......dongeng klasik tapi masih hirup dugi ka kiwari
Tatang Sumarsono
Mung dina kondisi kitu téh, Bu Ella Wargadinata, sok hawatos ka dalang. Puguh-puguh ukur ngigelkeun Si Cépot, ujug-ujug dianggap ulon-ulon riributan. Muhun, Dalang Asep Sunandar abdi mah ....
Asep Salahudin
ke..ke..ke..eta jalmi salembur tiasa kabobodo tenjo kitu? teu tiasa ngabentenkeun tukang tahajud sareng tukang munjung. beu (katawisna mah aya propokatorna hahaha)
Tatang Sumarsono
Ka Kiyai Asep Salahudin: Perkawis éta mah nyanggakeun ka nu maos. Tapi, pami ngeunteung kana kaayaan, ulah bon masrakat, dalah patugas hukum gé geuning seueur anu kabobodo (atanapi kaolo, kitu?), puguh-puguh jelema teu boga dosa, naha kalah jadi dihukum.
Ella Wargadinata
numawi jaman moderen kieu mah hese ningal dalang nu saleresna....
Èka Anggiani Iman
cobi tingal, manawi aya lilin hurung... *pareum listrik
Tatang Sumarsono
Naha Neng Echa AnggieAni, maké nyabit-nyabit lilin hurung?
Teti Taryani
Numawi gee... tong sok awon sangki ka batur salembur teh... Pasti... eraeun!!
Tatang Sumarsono
Pami nengetan komén Nyai Endit di luhur, aya kamungkinan éta ogé. Anu mawi, nyanggakeun ka nu maca kasimpulanana mah: naha warga lembur anu suudon, atanapi garwa nu dituding munjung gedé bohong? Naha lalakon munjung téh nyata, atawa ukur pitenah ti jalma sirik pidik? Naha enya anu dikepung téh bagong torojogan ti leuweung, atanapi sanés? Mangga simpulkeun ku nu ngaosna. Satadina Akang horéam nyerat ieu téh, bisi pajarkeun naranjangan karya sorangan, teras onani (punten, sun).
Nazarudin Azhar
Kang Edi, rupina fikmin mah (najan teu sadayana) tiasa disebat pasweud kanggo muka carita nu langkung jembar. Tah, kanggo 'nu jembarna' mah nya nu tiasa dihirupkeun ku nu maca dina imajinasina. Hehe. Fikmin ieu ge rupina kitu pisan. Nu teu kacaritakeun, dipasrahkeun ka nu maca... :D
Tatang Sumarsono
Leres, Mang Nazarudin Azhar. Ceuk pamanggih Akang, fikmin téh kedah mukakeun lolongkrang salega-legana sangkan anu maracana tiasa ngumbar imajinasi. Pasweud téa saur Mang Nunu mah. Ceuk Alm. Kang Duduh mah: open ending. Lamun sacara teks nutug kana kasimpulan eksplisit, éta fikmin bakal kaleungitan daya tarik. Naon bédana jeung pidangan berita pondok, atawa naon bédana jeung rubrik ha-ha-ha (pami eusina lucu atawa dilucu-lucu). Punten, ah. Ieu mah étang-étang bagi-bagi pangalaman, manwi aya pulunganeunana kanggo nu lian.
Èka Anggiani Iman
saurna aya kaitan erat antawis bagong sareng lilin :D
Tatang Sumarsono
Jempol, Enéng Echa AnggieAni tiasa ngawaler. Tapi anu ilahar dina permunjungan mah sanés lilin, kedahna palita. Bilih teu acan terang palita, cobi taroskeun ka Kang Rudi Riadi.
Erna Rusnawati
Nu pentingna mah sns lrs henteuna nyegik panginten, namung n kdh janten emutan teh naon eusi & amanat tn eta fikmin. Pangapunten nun!
Tatang Sumarsono
Ka Neng Erna Rusnawati: Eta hiji pamendak anu bawiraos tiasa didamel tatapakan enggoning ngapresiasi fikmin. Kasimpulan tina maca fikmin mah teu mutlak-mutlakan.
Ahmad Yani
Upami masyarakat siga nu gereges gedebug dina nyimpulkeun hiji perkara, hal eta teh teu tiasa langsung dilepatkeun, kumargi pangaweruhna na ge memang mung sakitu ayana, komo deui seuseueurna kahirupanna mung koreh-koreh cok. Hal eta nu ngajantenkeun pipikiranna pondok. Ngan edas deui eta warga nu getol tahajud, naha atuh bet siga nu taya tapakna ka masyarakat, naha "Cahaya Kasolehanna" bet teu karasa?, moal kitu solehna teh ngan ukur soranganeun ?.
Tatang Sumarsono
Jang Ahmad Yani, tah, ieu gé hiji tapsir anu ginding. Imajinasi salira tiasa luluncatan ninggalkeun wacana tekstual.