“Rupina urang téh kalalanjoan teuing, Kangjeng Ratu.”
“Puguh enya, kula gé teu nyangka bakal kieu jadina,” kakuping semu ngaheruk. Tapi, da taya hartosna, basisir tos salin jinis, diacak-acak sakadang lambak. Méh taya nu nyésa, ukur manjangkeun tunggara, pirang-pirang layon dikubur tengah sagara. “Satadina kula téh meupeus keuyang, duméh asa disapirakeun, ituna teu ngalayanan, antukna kula bogoh nogéncang. Tur padahal, jajaka mana nu teu taluk ka kaula, ratu nu ngawasa laut jeung eusina, geulis teu luntur ku usum. Na ari ieu …, duh …,” ngarandeg sakedapan, laju ngagerencem lir nu riwan, sejana hoyong midangdam. “Ang Godi …, Ang Godi Suwarna ….”