Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Keusik

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 11 Novémber 2011 07:25:26

Tatanggana ondang-ondang, duméh isuk rék indit ka Tanah Suci, anu kasakitu kalina. Manéhna teu bisa datang, lantaran keusik akutaneun di sisi walungan ngahunyud kénéh. Mun teu réngsé poé ieu, alamat isukan ngongkrong, moal bisa napakahan kulawarga.
Dina rekétna rancatan, dina garajagna késang, hawar-hawar kapireng pedaran mama ajengan, kumaha istiméwana pahala ibadah haji, Multazam panto dunga tanpa hijab, jeung Arafah jadi sagaraning rahmat.
Rentang-rentang aya nu datang ka sisi walungan. Imutna teuing ku leleb, raray nyumiratkeun rasa asih, laju nepak taktak lalaunan, nu boléksék ngan teu dirasa. Manéhna ngan wasa tungkul binarung ajrih, biwirna tiba ngunyem meueusan, “Salamualék ya Habiballoh ....”

Komentar (22)

Hadi Aks
Nuhun Kang! Enjing2, cikopi ngebul knh, lalawuhna fikmin 'tareh'. Asa ujug2 aya nu nyelek...
Dédén Abdul Aziz
"Labbaikkallahuma labbaik..." Ngahuhuleng uing dibere fikmin ieu mah, Ang. Sigana tereh uing nganteurkeun lanceuk ti Cibiru jarah. Didungakeun pisan, Ang!
Yayan Bedog Supriatna
Wa Tatang Sumarsono, fikmin dintén Jumaah pisan
Dadang Soekanda
Cenghar mayunan jumaahan teh, tos aya nu ngalalanyah... Panuhun pisan Pangersa..
Tatang Sumarsono
Nuhun. Ieu mah wireh aya kasauran jumhur, pami Kangjeng Rosul nepangan, minimal dina impenan, eta teh leres anjeunna, margi setan moal aya anu tiasa nyamian rupina. Kasauran Rosul keneh, leungeun nu baloleksek lantaran ripuh dipake neangan pangupa jiwa pikeun kulawarga, tah eta anu bakal mukakeun panto sawarga. Langkung-langkung abdi ajrihna ka Rosul, eta wireh anjeunna sok mosisikeun diri sareng golongan duafa. Boa-boa Islam teh "sosialis", Pa Ganjar Kurnia?
Godi Suwarna
:" Tobaaaaat....! Gustiiiiii, sediiiih, genaaaaah, hayang nyegruk, nikmoooot, aheeeng...! Tuluuuung...! Tuluuuung...!"
Kang Hanjuang Siang
alah....kang Tatang Sumarsono,,abot ieu mah surahaneuna oge...
Rudi Riadi
Bagja temen najan ukur na impenan, tepang sareng Rosululloh.
Godi Suwarna
:"Ka mana, nya, Dang Ahmad Fawzy Imron, kalih rakana Dang Ahmad Faisal Imron...? Ieu upami diaos di pasantren aranjeunna tangtos bakal meledak, yeuh...! Fikmin kieu dilajeng, Ah..!
Yus R. Ismail
Maca fikmin teh sok seuri sorangan wae. Tapi palebah nu ieu... amppuuunnn... Gusti... teu daya teu upaya anging Anjeun....
R.Atang Supriatna
Ngiring raos ang Tatang. Pelem fikmin teh saur ang Godi tea mah...
Abdul Hamid M. Sastra I
Gurih pisan ieu mah kang Tatang Sumarsono, katampi pisan
Iman Ramdani
tiis kana manah, noel kana hate, peleem pisan ang
Abdul Hamid M. Sastra I
eta keusik meuni tiasa ngawayuh kitu nya, tiasa denotatif tiasa oge konotatif. beu
Dadan Sutisna
Simuing mah minangka junior, mung tiasa ngintip éntép-seureuhna Kang Tatang Sumarsono dina ngaranggeuy kecap. Sigana payus mun Kang Tatang dibenum janten ahli basa di ieu nagara Fikmin. Da ari eusi mah, tingangtos papada surti.
Ki Baba Gibson
ari anu angkat ka tanah sucina, pendak moal nya??
Godi Suwarna
Dadan Sutisna:"Sim uing salaku Raja Kunyuk, panuju pisan upami Demung Tatang Sumarsono dibenum janten Mentri Agung Urusan Basa. Sekretaris mentrina Nyai Endit. Cucok dekh..! Heuheu.."
Ahmad Yani
Hatur nuhun Ang Tatang Sumarsono : !, naon anu di pedar, teu kinten pungkilna, masihan kabar kabingah...wireh kadeudeuh kalih ka mahamurahan Gusti, langgeng ngocor, kana jiwa-jiwa nu pasrah tur ikhlas !!!
Ida Nurulhuda
Ku éndah...,tiasa tepang sareng Rosululloh SAW.Nyérédét kana haté...
Tatang Sumarsono
Nuhun. Nuhun. Ari luang téh apanan, aya nu tina daluang, aya ti papada urang, jeung aya nu tina baruang. Jigana ieu lapak fikmin payusna ka nu kadua. Ayeuna mah urang silih baca karya waé, katut komentarna. Da pasti ti dinya bakal aya anu kapulung ku urang. Hanas teu kabaca sadayana, nya da kumaha atuh, waktosna pabedol-bedol. Ti payun gé tos disebatkeun, hoyong ngiring matrikeun basa Sunda dina ieu lapak.
yusran pare
Duh, jero pisan yeuh pikmin nu ieu mah!! Ngajedug kana angen, tarik pisan.
Dédén Abdul Aziz
Geus asa nyeri beuheung sosonggeteun ngantos fikmin Kangjeng Yusran ti Banjarmasin bet teu hol bae...