Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Bagawan Sirna Di Rasa

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 10 Novémber 2011 22:38:27

Juragan Haji Hasan Mustapa, mendak dangding tilu pada, ngagolér handapeun méja. Asa lain boga kula, gerentes dina manahna. Tapi, socana teras ngéjah runtuyan aksara, dugi ka tutugna.
“Ari ieu jieunan saha?” naros ka opat gandékna.
“Abdi, sun ....”
“Aya alusna silaing hayang ngabujangga, tapi merenahna silaing mah jadi tukang kuda, Tatang.”

Komentar (9)

Nyai Endit
Naha abdi nu nyeri hatena nya Kang?
Dadang Soekanda
Wayahna Dalem Boncel ge tukang ngarit heula..
Godi Suwarna
Nyai Endit:"Margi Aa Tatang Sumarsono mah mirip Mh Ainun Najib. Nya tangtos Nyai ngiring nyeri hate... heuheu..."
Nyai Endit
Ih ... dasar aa Godi Suwarna! Hahahaha....
Godi Suwarna
Tatang Sumarsono:"Punten, ieu kapala sakola teu kiat hoyong heureuy. Mangga, dilajeng, ah. Sim uing bade ngontrol kelas sanesna.."
Tatang Sumarsono
Bapa kapala, itu payunan heula aya pengawas.
Godi Suwarna
:"Whahahahahaha....! Permioooos..."
Andri L. Kusumah
Leures tumampi abdi rumaos..... pasti kaaosna siga kuda ajleung-ajleungan.
Tatang Sumarsono
Ka Nyai Endit: Rada hese mun Akang ngomentaran atawa nerangkeun karya jieunan sorangan mah. Ari sababna, mun Akang nulis, terus sina ngencar dina lapak naon wae, eta mah kari kumaha ceuk pamadegan anu maca sewang-sewangan.