Ku Dadan Sutisna
Panto ngarekét. Jam dingding ngajerit ka angka hiji. Ngeteyep bari nangkeup kembang tilu beungkeut. Kamar simpé. Reyem-reyem. Tapi léptopna ngagebur kénéh. Siga kiceup diskotik, cahayana mawur kana gelas, tunjangeun pisan potrét nu keur imut. Paneuteup luncat kana eusi gelas. Siga aya lauk. Kawas ubur-ubur. Asa piraku. Ditelek-telek téh bet hirup. Enyur-enyuran, beureum euceuy bari rambay ku urat. Rét ka nu hurung. Panon asa koclak basa maca tulisan dina layar léptop: “Pasini urang, geus tilu taun. Dina gelas, aya kado keur di dinya. Éta téh kaéra, kasieun, jeung kawirang uing, beunang ngadudut tina angen, tuluy ditinyuh ku sésa cimata. Omat pangmulasarakeun.” Kembang nu ditangkeup boa murudul, bari irung ungas-ingus ngawawaas bau hangru nu kebek di sabudereun kamar.