Update: 08 Fébruari 2012 16:50:37

Haté Awéwé

Ku Lugiena De

“Engkang, najan urang ukur sabéngbatan reureujeungan, kalangkang Engkang bakal nyangreud pageuh dina lelembutan. Mungguh tos kieu titis tulisna, urang kedah paturay di dieu. Séwu hapunten abdi teu tiasa salawasna nyarengan. Tina ati nu kingkin, abdi mung wasa sambung du’a, mugia Engkang mulus rahayu dina ngabaladah jalan nu baris disorang. Sarta mugia dina hiji mangsa urang tiasa patepang deui.” Ceuk gerentes hiji mojang ka supir angkot.

“Kiri Pir!”

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irfan El Fikr: cinlok rupina?
  2. Mustika Kurniarasa Haroeni: supirna pasti kasep nya teh?
  3. Ella Wargadinata: lah boro-boro cinlok ka supir angkot, anggur mah hayang ngadegungkeun sirahna, bongan ari ngerem sok ngadadak, ari nincak gas sataker kebek, tapi teuing ari supirna Kang Dea mah he he....
  4. Godi Suwarna: :"Hade, 'Jang..! Humor lantip bergaya fikmin...! Siiip dekh..."
  5. Ganjar Kurnia: Ngajurung ku du'a, mugia sing tepang deui, dugi ka bale nyungcung
  6. De Hudaya: Amaaaan kang .. he
  7. Rudi Riadi: Ieu TIPMIN...Tipuan Mini...Aslina katipu!
  8. Deden Abdul Aziz: kacipta meuyeum ieu fikmin bari ngantri modem, hihihi... pol, mang!
  9. Maspri Dkc: Hwahaha...matak geugeut ieu fikmin...
  10. Maman Damiri: Haarrr ?
  11. Lugiena De: Nembe tiasa malesan yeuh. Hatur nuhun ka sadayana. Ai lap yu ol! Heu heu heu...
  12. Nazarudin Azhar: asik yeuh..heuheu... tungtungna ditongtakkeun dugi ka ngadangheuak
  13. Yayan 'Bedog' Supriatna: asoy..carpon Kang Lugiena De di filmin keun tetep asyik beda rasa
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Lugiena De
  1. Anti Klimaks
  2. Kopi Amarah
  3. Binatu
  4. Nyampeur
  5. Nyanyi
  6. Haté Awéwé
  7. Sangkakala
  8. Mimi Cucu
  9. Fikmin
  10. Nyuling