Ku Yanti Sri Budiarti
Nurmi leumpang nuturkeun indung suku, ngetrokan unggal lawang. Nyalabarkeun orok beureum dina aisan. Saban amprok jeung lalaki, leungeunna nunjuk “Tuh itu bapa hidep teh Geulis”, ka orok bari ngok deui ngok deui nyium. Burilak panonna mureleng ka tukang beca. “Keun siah Haji, ulah mikiran kami, bae teuing moal ngaku anak oge!”, cuih ! cuih ! Nurmi nyiduhan nu keur nundutan dina becana. Atuh tukang beca tibuburanjat. Ngamang-ngamang batu ganjel beca, bari haben kukulutus. “Sia mah baku ari geus ngaganggu kanikmatan batur teh. Indit!”
Nurmi teu nolih nu kutuk gendeng. Noyod ka kulonkeun. Mulung topo nu nyangsang dina jarian, dibungkuskeun ka orok minangka bedong. Orok teu empes-empes dikitu-kieu.
“Antosan di dieu nya Nung, Ema bade milari Bapa hidep”, Nurmi kokoreh kana pangruntahan.
Sabot jongjon, teu katohyan aya anjing ngaletakan bedongan. Bangusna ungas-ingus, giwiwing orok digusur, leungeun orok lepas sabeulah. Teu sakara-kara Nurmi ngoceak. Ceurik ngageunggeuik. Kokosehan dina taneuh bari ngais boneka euweuh leungeunan.