Ku Yusran Arifin
Teu gimir ku Hakim. Sumawona ku Jaksa. Éstu teuneung nakeran. Julid nagen na puseur rohangan. Adpokat, ngiceupan. Tenang, Julid! Kabéh geus diringkusan. Dijamin bébas tina hukuman. Najan manéh, meuncit duit anggaran.
“ Pala walgi sadaya’a. Sadélék Julid, mémas! Mantena sanés koluptol. Tapi pahlawan anggalan!” ceuk Hakim, cadel. Tuluy naék kana méja bari morosotkeun calana. Werrrr, ngompolan balaréa. Jaksa teu éléh géléng, porocot modolan méjana. Adpokat jeung Julid, sili rangkul. Sili sogot. Létahna pakenyot-kenyot.
“Fitenah, fitenah! Fitenah kabéh!” ceuk Palu ngagantawang bari nalapung méja. Seak ngudag Julid. Jebrod dipalu. Borolo tina sirah Julid ngaburusut duit, loba pisan.
“ Ti ayeuna ka hareup, Hakimna diganti ku kuring!” ceuk Palu bari nulak cangkéng dina suhunan.
Tasik,2011