Update: 31 Maret 2012 02:20:08

Almenak

Ku Yusran Arifin

Bet anteng nyoo Almenak. Ngulinkeun angka-angka nu ting borélak. Patingkalayang. Lir béntang di awang-awang. Jadi popok, pempers, empéng, susu, imunisasi, momobilan, playgim.
Belenyéh seuri. Almenak digaléntoran. Pogot nakeran. Ditatap diusap. Lir beubeureuh. Gandrung pisan. Tinggalebray : Wedak, béha, cangcut, ermawar, lipen, arak, putaw, kondom, motel, aborsi.
Belenyéh seuri. Peureum-beunta. “Oh, yes! Oh, now!” katurelengan. Ngengklakan Jaman. Belenyéh seuri. Angka-angka tingburinyay. Ngajirim gedong, balong, mobil, apartemén, bungalow: Ngantaykeun salingkuhan.

Belenyéh seuri. Almenak digaléntoran. Diembat, diayun ambing. Digulang-gapér dina ranjang. Ranjang umpal-umpalan lir sagara pasang. Belenyéh seuri. Peureum beunta. Burial buncelik. “Oh, yéss! Oh, now!” ceuk amekan nu ngahégak. Ranjang beuki umpal-umpalan. Ngaguruh mapag topan. Teu kapireng ku Manéhna, basa Angka Almenak nu panungtung, ngalayang, ngajirim ramo-ramo nu paranjang. Siet! Ngajorélat nyabet raga anu mangprung. Kress! Diririkes. Ditiup jadi pahpir. Digéléngkeun. Gecrék! Diseungeut. Selebung, Malik ngulinkeun haseup udud, bari nyéngclé na catang Hawu.

Tsm,2011

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Heni Sumarni: wuiiiiih......manteeeppp...teppp... cekess!!!.di seungeut....gog, nagog na catanghawu...
  2. Yusran Arifin: Hahahaha, nuju siduru Ibu..
  3. Heni Sumarni: hebat ih,,,,,,almenak tiasa mancalaputra mancalaputri kitu
  4. Yusran Arifin: Almenak sakti panginten? Pamasihan ti Kang Godi.
  5. Tatang Pahat: heded-heded wae lah si bapak ini mah..........
  6. Yusran Arifin: Duh.. Pabeulit sareng nyajak ieu teh..
  7. Tatang Pahat: lah,, tah eta keun atuh nyajak mah uing... terkenal teh ulah kokomoan atuh .......
  8. Yusran Arifin: ari soal terkenalmah, sarif hidayat leuwih terkenal.. hahaha Can aya om,, nu keur ngisi stand teh..
  9. Tatang Pahat: oke nyantai juragan...
  10. Abah Sarjang: Nya kitu geuning hirup teh, ngudagngudag jeung diudagudag almenak...
  11. Arom Hidayat: Sabot kasarung antara angka jeung angka! Siet!! Lir heulang nyamber hayam. Mantap lenyepaneun pisan!
  12. Dadang Soekanda: Upami Malik nuju nyesep bari nyengcle dina catang hawu, rupina Ridwan nuju hihitaran, bari ucang angge dina para seuneu.
  13. Muhammad Shohiba Nu'man: Asik pisan ngaosna.. Hatur nuhun Kang Yusran..
  14. Yadi Fathur Berkata: sedap
  15. Asep Ruhimat: dina kanyataanana memang kitu, naon rupi kahirupan teu weleh nyindekel kana almenak, tampolana dibuleudan angka2 alemak teh.
  16. Yusran Arifin: Muhun Abah Sarjang.. Buhan kantos icalan Almenak Simuing teh.
  17. Yusran Arifin: Kang Arom mah. Pan kagungan mimis. Bedil we nya, Heulangna.
  18. Yusran Arifin: Hitarna nambut tinu Kang DS.. Sakantenan udud nganjuk heula nya?
  19. Yusran Arifin: Kang MSN, kantenan pami maosna bari siduru..Kang Yadi FB.. punten rada pagalo sareng sajak, wios, nya?
  20. Yusran Arifin: Kang Asep mah uningaan. Sami siga putrana mertua Sim Uing, ari nyirian tamu ti Cibeureum sok nyoretan Almenak...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Yusran Arifin
  1. Seuneu
  2. Saha
  3. Gusti
  4. Satia
  5. Moro
  6. Cukang
  7. Fikmin
  8. Fikmin
  9. Jumroh
  10. Mabok
  11. Sirineu
  12. Gandrung
  13. Mangkreng 3
  14. Baju Pangantén
  15. Mangprung
  16. Halabhab
  17. Buron
  18. Bray
  19. Mangkreng 2
  20. Mangkreng
  21. Baham
  22. Operlép
  23. Sabil
  24. Tuan
  25. Sekripsi
  26. Munjung
  27. Almenak
  28. Tamu
  29. Lunta
  30. Batu
  31. Pulpen
  32. Demonstran
  33. Samagaha
  34. Sinetron